Asana teh aya nu "teu beres" yeuh di sabagean masyarakat, dina perkara politik jeung otonomi daerah. Jigana wae, kedah aya "pemberdayaan" pikeun masyarakat, sangkan para pamingpin elite politik ulah sangeunahna, nafsirkeun hiji pasualan. Sabab, lamun masyarakat teu wani, bakal beuki kabablasan. Riweuhna nagara anu kakara diajar demokrasi pan, sangeunahna wae dina nafsirkeun hiji aturan. kadang-kadang aya urang Swasta, anu ancrub ka pamaerentahan, sok rada nyanyahoanan kana urusan perakra birokrasi di pamarentahan.
Ieu mah kajadian nyata, meunang beja ti pun bojo, urang swasta ancrub mimpin hiji kementrian.Tong disebutkeun lah mentri saha-sahana mah. Tapi pikeun Teh Ika atawa kang Oman atawa anu kungsi jadi padamel pamarentah mah carita di handap ieu matak jadi "keom sakedap". Hiji waktu, bapak Menteri anu kakara asup ka jajaran birokrasi pamarentahan SBY, pidato di hareupeun para pajabat kamentrian eta. Pokna teh kieu," bapak-bapak jeung ibu-ibu, kuring jangji, rek ningkatkeun darajat jeung panghasilan saderek sakabeh. Para pajabat eselon hiji rek dinaekkeun jadi eselon dua. Pajabat eselon dua rek dinaekkeun jadi pajabat eselon tilu. Nya kitu deui pajabat eselon tilu dinaekkeun jadi eselon opat." Puguh wae, sakabeh para pajabat anu ngadengekeun pidato menteri anyar jadi "rungah ringeuh",jeung roman beungeutna teu panuju kana eusi pidato pa Menteri. baktos, mrachmatrawyani --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > nuhun kang. > enya eung, beuki deui teh beuki rusak gening. > kantos ngiring kempel acara Forum Musyawarah > Masyarakat Sunda (Formas) di > geologi. golkar masih kuat di jabar-puguh we da boga > modal 30an tahun jadi > pangawasa- pdi nu meunang pemilu, calona eleh. > sanaos pangsiunan jenderal > (tayo tarmadi urang karawang) da wakilna rudi harsya > tanaya, sanajan > mualaf, eleh. > > mun nganggek politik bandung lautan api mah, sigana > kieu: > daripada rusak ku batur, mending rusak ku urang. > hehe. > > calo teh teu ngan ukur di terminal atawa properti > wae ayeuna mah, tapi > pikeun pajabat. partey teu ngurus atawa ngabina > kader jadi pajabat, tapi > milari ka luar nu loba duit. hehe > > muhun tos rada lami tara nyimpang. da sok rada wengi > wae mulangna. nuju > nyerat, oge susu ganan, bade sakola deui > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > Muhun Mang Jamal, nyaeta ngersakeun soteh atuda > matak rieut geuning > > ngabandungan wacana dina koran atanapi diskusi > soal kapamingpinan sunda > > ____________________________________________________________________________________ The fish are biting. Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing. http://searchmarketing.yahoo.com/arp/sponsoredsearch_v2.php

