Aduh nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang anu karasep mah sunda pituin
atawa sunda jaman baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea sor sagala
dipasihkeun.
Atuh ayeunamah urang make basa anu pupujieun tea.
Kang Boim anu kasep anu jero tapak genteng kadek, katut kang Waluya guru
fisika teladan, teh Ika pekerja keras anu pincontoeun para wanoja, anu
tiasa ngelehkeun Ma Eroh (sanes ma Erot), pasti teu teurang Ma Eroh pan,
atuh kukituna kuncen USNET anu bijaksana ...dst wilujeng tepang
deui..........duh nyaan genah oge yeuh.padahal dina eta pupujieuna
eusinamah sindiran....
Cag sakitu heula pupujieuna.
Hiji deui tah ciri urang sunda teh, resep ningali saha anu nyariosna,
sanes naon eusi atawa maksud cariosanana, komo lamun eta nu nyariosna teh
nganggo gelar DR. IR. SH jsb, aduh jigana teh anu dikemukakeunana teh pasti
bener, ieu anu ngakibatkeun daya nalarna katutup, akibatna orang sundamah
gampang ditipu, haneut keneh malah, Milyaran rupiah orang Jawab Barat katipu
ku IBIST pedah anu ngabibitana DR. Wandi dst.
Cag heula.
Aki, Nini, Bapa, Ema, Akang, teteh, katut ayi warga USNET ........ duh
nyaan genah oge yeuh.
Sakali deui urangteh geus waktuna rereongan mencarkeun daya fikir ku daek
ningali fikiran anu sejen, supaya urang sarerea atawa generasi urang
kahareup ulah jiga ayeuna, anu nyatana ayeuna hasilna kasangsaraan
kapapanjangan keur urang sarerea anu khususna daerah JAWABARAT. Keur urang
Jawabaratmah kajadian ieu teh sabenerna ampir teu asup akal, tatar sunda anu
daerah paling subur bari jeung sumber alamna cukup tapi teu bisa mere
kasajahteraan keur penghunina, pangangguran dimana-mana. Tah ieu kabeh oge
di sababkeun kuhiji sabab, nyaeta urang teh penghunina bodo, akibatna loba
kasieun, anu antukna teu bisa nganilai hiji persoalan ku daya nalar anu
bener.
Keur minterkeun warga, hiji-hijina cara nya pendidikan, tapi lain jumlahna
anu kudu dilobaan jiga supa, tapi justru sarana jeung prasarana anu
menunjang eta pendidikan lancar. Tah sarana utama pendidikan sabenernamah
jumlah lapangan kerja anu cukup keur para alumnina, sabab sakola/pendidikan
teh lain hiji tempat keur nyiptakeun ahli usaha/wiraswastawan, ahli usaha
mah datangna alamiah, tapi pendidikan teh tempat transfer pengetahuan anu
gancang, nya hasilnamah sabenerna tenaga kerja anu terampil, atuh anu
punjulna nya terus jadi pemikir atawa ilmuwan. Kusabab kitu anu ayeuna kudu
dipaju teh nya kumaha narekahanana supaya lapangan kerja di Jabar teh
tumbuh, tah lamun lapangan kerja tumbuh, otomatis jelemana oge sumanget
tolabul ilmu, sabab maranehna aya target nu kudu direbut dihareupeunana,
otomatis pendidikan bakal maju. Sabalikna lamun lapangan kerja teu aya, atuh
para alumni oge hanjelu, maenya sakola cape-cape jadi S-1 ti UPI ari kudu
buburuh nepi kasubuh kuli nepi kajanarimah, komo balik deui jadi tukang
ngored, atawa digawe dipabrik tinun nyambungkeun benang pegat, atawa kudu
namprak wae kakolotmah, antukna prustasi, atuh kitu oge bakal ngakibatkeun
prustasi, nya akibatna leuwih jauh kakurang percayaan diri, anu leubih
bahaya deui generasi anu dihandapna mumul tolab ilmu, sabab ningali para
seniorna lulus D3, S1 atawa S-2 ngan jadi penganggur atawa digawe di
supermarket Alfa bagian memeres dagangan dina rak.
Naon bahayana sakola paguron luhur tumbuh jiga sirung kacang, anu jelasmah
kualitasna bakal ancur lebur. Mangga uningaan ku para saderek, bisi
pajarkeun abdi akon-akon, mangga arameng ka daerah, tingali transfer
pengetahuan model naon anu terjadi. Para saderek pasti terang jiga kumaha
hasilna engkena.
Balik deui kana basa Inggris.
Sumber ilmu pengetahuan nepi ka abad salapan masih dikuasai bahasa Arab,
tapi beuki turun, komo basa Andalusia di ancur leburkeun ku Europa di abad
11, buku pengetahuan teh dibawa ka Inggris, ka Perancis jsb, diterjemahkeun
diditu nya beuki kadieu anu punjul jadi bangsa Europa, atuh otomatis
bahasana basa Europa, nya beuki kadieu diganti ku basa Inggris sabab basa
inggris tetela basa anu paling gampang sadunya, dibanding jeung basa Arab,
komo basa China mah. Atuh Indonesia mah pan nepi ka ayeuna oge elmuna masih
elmu turunan, artina hampir sakabeh elmu anu dipelajari kuurang teh nya elmu
anu sumberna ti deungeun, kusabab kitu mahasiswa bakal leuwih hade lamun
maca langsung tina sumber aslina, lain tina diktat karangan dosena anu can
pasti benerna.
Sajalan tina kitu, nyata yen basa inggris teh dipake oge kusakabeh
industri naon we boh industri film, industri rekayasa jsb, antukna para
pelaksanana atawa buruhna daek teu daek kudu bisa make eta bahasa. Tah ieu
oge anu jadi alat kompetisi.Contona anu paling gampang, coba lamun para
sarjana di bandung anu ngaligeuh teh barisa basa inggris, atuh minimal bisa
ngumbara ka mancanagara jaradi tukang sasapu, jaradi jongos di restoran ,
atawa jaradi montir mobil jsb, sabab di LN mah teu aya pagawean anu hina,
kabeh pagawe dihormat naon wae gawena, jeung hasilna muncekil. Tinggali di
USA pabalatak lulusan S-1 atawa S-2 anu jaradi tukang koran atawa jongos
direstoran, atawa jardi tukang ngurus anu jompo. Ari anu memfasilitasi
kemudahan kerja nya kudu pamarentah atuh, tina bentuk bantuan kemudahan
ngajieun paspor, ticket jsb.
Cenah aya dongen urang jepang teu bisa basa Inggris, asa helok nya, lamun
teu bisa basa Inggrismah Jepang moal boga Industri di Amerika, di Inggris,
di Australi jsb. Malah ayeuna teh pesawat Boeing anu paling anyar
jangjangna dirancang bangun jeung di wangun di jepang make standard
international basa inggris, atuh kitu oge abdi ngetik dina laptop VIO
centrino duo teh sakabeh tutorialna basa inggris.
Sabenernamah lain basa inggrisna anu kudu di debatkeunanamah, tapi aya
heunteu niat urang sarerea ngamajukeun pendidikan, keur muka fikiran, atuh
cenah aya hiji pikiran ngadirikeun yayasan terus ngumpulkeun duit keur
ngabantu nyakolakeun anu teu mampu, eta meunang-meunang wae, tapi justru
moal bisa nuntaskeun, sabab pendidikanmah tanggung jawab
pemerintah/penguasa, lamun pendidikan diserahkeun kamasyarakat hasilna jiga
ayeuna pendidikan jadi ajang usaha. Sakali deui jadi ajang usaha, pendidikan
mah hak sakabeh rakyat anu hirup diwewengkon Indonesia jadi kudu dijieun
murah lamun bisamah kudu gratis, artinya tia jelema boga kesempatan anu
sarua keur maju.
Note:
Palay terang abdimah atuh buka we data pribadi meuni sesah-sesah teuing,
tapi emut itu data pribadi, saur juragan kuncen itu menjadi rahasiah pan.
Atuh upami alim maca posting abdimah, begitu aya ely evalita langsung
delete we.
Atuh anu paling gampilmah, banned saja Ely Evalita, namung upami di banned
etateh nunjukeun ciri jalmi sieun, nyaeta sieun ninggali batur anu fikirana
beda.
Kang Waluya, kang Boim, kang Iwan, Kang Sidik atuh ka sadaya para warga
USNET Cag sakieu heula tos tunduh yeuh, Insya Allah sanes waktos disambung
deui.
baktosna
Elly
Bener bah..,
sok sanajan kuring oge kadang sok ngarasa panas ceuli ku postingan
teh/kang Ely jeung kadang oge sok aya nu kahartina tapi hanjakal
manehna teh leutik burih geuning teu wani terus terang saha manehna nu
sebenerna.
kaduana lamun postingan rek ngabahas hiji pasoalan ulah make conto
bari jeung nyebut ngaran batur komo nyontokeunana ku nyebut
kagorenganana (sok sanajan loba salahna jeung kanyataan).
rek ngabahas hiji pasoalan mah pek teh teuing tapi ulah bari
disamaraan/dibumbua n ku bari nyebut ngaran hiji baraya bari jeung
nyebut si A anu itu ieu tea, sabab ku nyebut ngaran batur bari jeung
nyebut si A anu itu/ieu tea eta can tangtu benerna jadi bisa disebut
gues su'udzon ngarana.
sok ah...! leuwih hadi terus terang heula saha anjeun nu sabenerna
ulah ngadon nyumput buni dinu caang ngarah puguh ka hareupna lamun
enya anjeun aya kawani.
kuring yakin asma ely evalita lain ngaran sabenerna... .
cag ah....,
------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo!
Toolbar<http://us.rd.yahoo.com/evt=49938/*http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/>alerts
you the instant new Mail arrives.Check it out.