Wah, kabujeng di-unsubsribe gening, tadi na mah bade nulis sapertos kieu:
   
  Kahatur teh Ely,
   
  Upami tujuan teh Ely palay urang sunda maju, gaduh nilai tambah, hususna dina 
basa Inggris, supados langkung berdaya saing, kumaha upami teh Ely atanapi saha 
wae anu gaduh waktos sareng tiasa basa Inggris, nyonto Aa Misan ngadamel 
English conversation club. Langkung seueur klub eta di wewengkon Pasundan, 
langkung sae kumargi bakal langkung seueur urang Sunda anu kabantos. Mung omat 
basa Sunda ulah dihilapkeun da eta mah identitas urang pan.
   
  Kapungkur simkuring oge kantos ngagabung ka Cozy Corner English Conversation 
Club di Bandung salami 5 taunan. Karaos pisan mangpaatna ayeuna kumargi janten 
gaduh nilai tambah dibandingkeun rerencangan sapadamelan (sanes muji sorangan 
ieu mah nya) kumargi langkung unggul dina informasi.
   
  Memang upami dibandingkeun sareng urang Pilipina, urang Endonesia (kalebet 
urang Sunda) henteu tiasa ngunggulan urang Pilipina dina ngengingkeun pakasaban 
anu langkung terhormat sareng langkung ageing inkamna. Tingali wae di Dubai, 
urang Pilipina mah janten pramuwisata, kasir, sareng sanesna sedengkeun urang 
Endonesia janten cleaning service. Hal ieu kumargi basa Inggris urang Pilipina 
lumayan sae.
   
  Sok lah diantos wujud kerja nyatana. Mudah-mudahan urang Sunda langkung maju 
tapi henteu ngahilapkeun basana sorangan.
   
  Pun Asep


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
talapung wae?

asyik euy, geus lila teu nalapung jelema.
--------------

mengingat jeung saterusna....
menimbang jeung saterusna....
memperhatikan jeung saterusna...

memutuskan,
nalapung e-mail Ely Evalita.

diputuskeun di bandung ku si kuring,
kuncen #3

mj

http://geocities.com/mangjamal

> Aduh uwa sapuklah talapung bae anu kitumah siga anu teu nyaho kana
tatakrama kasundaan bae.
>
> WAG
>
> Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sim abdi mah moal panjang-panjang mairanana
> ieu milis diayakeun pikeun ngumulule kaSundaan, hartosna ;
> - pikeun wargi Sunda anu reueus kana kaSundaanana,
> - wargi/etnis non-Sunda anu hoyong Nyunda.
> upami saderek Ely teu resep/prustasi janten urang Sunda/ijid ka Sunda,
> saena
> kaluar we ti ieu milis, sa teu acan ditalapung ti ieu milis.
>
> ssw
>
> waluya56 [EMAIL PROTECTED]
> Para kuncen ...kuring protes euy, sabab ELY EVALITA lamun posting
> sok "dibumbuan" ku sebat-sebut ka baraya Kusnet (kaasup ka kuring) ku
istilah nu kurang merenah. Teu pantes, da heureuy oge aya dina
> tempatna. Lamun arek padungdengan (diskusi), padungdengan we teu kudu
nyebut masalah pribadi sagala. Sabab teu adil, ari kuring, Ua Siddik,
Teh Ika jeung nu sejenna nu disebut-sebut dina postingna, teu make aran
samaran jeung deuih di dunya nyata, warawuh. Tapi ELY EVALITA, saha
manehna teh? nyumput make aran samaran? Teu lucu ah ....
>
> Lamun kieu carana, Kuring, Ua Siddik, Teh Ika oge bisa wae make aran
samaran, ngomong kaditu-kadieu, nyaleksek-nyaleksekkeun batur. Tapi keur
naon?
>
> Kuring inget, baheula waktu Kunset mimiti ngadeg, kang Agus Her usul
anggota tong make aran samaran, komo nu anyar mah. Baheula mah
> ditarurut, Kang Syam Ridwan we, nu tadina make aran "Karuhun Betawi"
langsung ngarobah ku namina aslina, padahal sarerea oge apal eta teh
kang SR.
>
> Lamun teu salah tujuan Kusnet teh pangpangna silahturahmi jeung silih
simbeuhan dina kanyaho, sugan aya mangfaatna. Lain ngaguruan batur,
ditambahan deuih ngenye batur.....
>
> Cik baraya, naha KUSNET perlu anggota nu model kieu? urang SUnda kudu
gede kawani, lain "maledog" bari nyumput!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
> .
>
>
>
>
> http://cikundul3.multiply.com
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com



         

 
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.

Kirim email ke