Kuring kapaksa yeuh, ngajukeun ieu judul, supaya ulah
disangka urang Sunda jeung basa Sunda teh teu bisa
mikir sacara global. Oge pikeun ngundang baraya KUSnet
kana perkara anu ku kuring rek dipidangkeun.

Surat kabar Kompas dina poe ieu, midangkeun  judul 50
taun Uni Eropa. Sababaraha waktu poe katukang, Kompas
oge midangkeun beja perkara visi Indonesia 2030, anu
diajukeun ku "juragan bank Mega"  Chairul Tanjung, anu
ceuk cenah mah visi ieu teh geus digodok ku Ikatan
Sarjana Ekonomi Indonesia.

ari di dunya dina danget ieu teh, masyarakat keur
meuseurkeun perhatian ka ngara India jeung China anu
"melesat" luar biasa dina widang perekonomian.

Tah, minggu kamari kuring nungkulan hiji seminar anu
diayakeun ku asosiasi profesor UI,  anu ngabahas
pangwangunan di pedesaan jeung pasisir Indonesia.

Rangkuman tina topik-topik eta, Insya Allah digabung
pikeun jadi wacana urang sadaya. (utamana mah hoyong
dipairan ku Kang Tirta yeuh, anu baheula waktu panggih
munggaran, ngobrolekeun perkara Sunda Inc tea)


baktos,

mrachmatrawyani




 
____________________________________________________________________________________
It's here! Your new message!  
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.
http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/

Kirim email ke