Tah ...."Ny. Muslim bin Mustikawati" ala Kusnet kaluar deui. Terang henteu "Ny. Muslim bin Mustikawati"? di millis2 bahasa Indonesia, aran ieu geus teu bireuk deui. Loba nu katipu, da tulisanana siga nu heueuh. Kadang2 ngagogoreng Islam, geus kitu ngagogoreng Indonesia, tapi Kristen oge teu kaliwat digogoreng. Lamun teu salah mah, kungsi aya anggota Kusnet nu "kaduruk hatena", pedah ceukk posting " Ny. Muslim", Borobudur rek dibongkar. Gaya tulisan ELY EVALITA oge ampir sarua, Narcist cenah ceuk Teh Ligya mah. ELY EVALITA ngaku jalan- jalan ka Amerika, Ny. Muslim oge ngaku cicing di Amerika.
Naon sababna kuring protes? kahijina manehna nyigeung kuring (lain psotingan ieu wae, geus sababaraha kali), bari kuring teu wanoh saeutik-eutik acan. Manehna oge teu apaleun ka kuring, da make nyebut kuring guru Fisika sagala. Kitu deui ka Ua Siddik, nu sacara kurang ajar disebut hayang jadi pejabat. Saha nu teu kasigeung diomongkeun dirohangan publik jiga kitu? Teu sadayana urang KUSNET apal ka kuring atawa ka Ua Siddik, bisa wae aya nu percaya. Ngawurkeun fitnah pan eta teh namina? Kaduana, tulisan ELY EVALITA, loba ngawur, teu puguh. Tulisanana ngaguruan (menggurui) batur. Manehna guru, nu maca murid nu belegug kabeh. Lamun padungdengan, heug kasedekeun, jalma kieu, biasana lain neangan argumen anu leuwih kuat keur pamandegan manehna, tapi terus nyerang pribadi nu diajak padungdengan (bari teu apal saha nu diajak padungdengan teh). Tah eta alesan2 kuring teh. Eta mah nyanggakeun we ka para Kuncen, naha bade diantep wae, sina millis rame, saperti millis2 bahasa Indonesia, nu ngantep Ny. Muslim bin Mustikawati ngacapruks kamana- mendi atawa difilter heula, margi ari Kusnet mah (ieu mah ceuk kuring) rada beda, lain millis keur silih segag ngaguar-guar kagorengan pribadi masing2. Hampura ...bisi salah kecap. Baktos, WALUYA --- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aduh nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang anu karasep mah sunda pituin atawa sunda jaman baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea sor sagala dipasihkeun.

