kuring oge boga ngaran nu panjang siga kitu .. hi hi hi

pun bapa mah masih keneh dianggo ... sukarnamiharja

ka kuring teu dirarangkeun, meureun bisi sukar meunang raharja .. sugan.

dulur-dulur ti pun bapa, nu meh saumur make-na teh setia ...

kuring .. setiawan
kapilanceuk lalaki ... setianagara
kapiadi awewe .. setiarini
kapiadi lalaki .. setianto (ieu mah rada2 ka wetan) ..

budhi
kurono kopo 241


On 3/27/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  tanudibrata?
lanceuk samitoha mah Tanuwijaya, van sumedang cenah. tapi seler sipit nu
nyunda oge ayeuna marake tanu, nyundakeun she Tan. (she= marga basa
cina).hehe

di lingkukngan pangarang basa Sunda mah aya anekdot, mun teu boga ngaran
kulawarga dibrata, ulah ngarang kamus sunda. sok we tataan nu nulis kamus
sunda, satjadibrata, danudibrata. tah tanudibrata oge aya potensi yeuh,
nyieun kamus sunda mutakhir, nya. ke jaga.

kang Dud, Herlianto hade jeung hebring. boga sima jeung wibawa lalaki
langit lalanang jagat.

coba mun herlianti...hihi

(beretek lumpat! bisi dibaledog sapatu kang Dud)

mj

http://geocities.com/mangjamal

> ngaran sunda uing (karek manggih kamari)
>
> dudi h. tanudibrata turunan panjalu cenah, ngahaja herlianto na disinget
h.
> ngarah o-na teu katingali
>
> haha....
>
> dh
>




--
budhi at urangsunda dot net

Kirim email ke