heu heu heu heu hue heheheheheheh cocok sapertos dina New.com sapertosna namah tong di pasighan laptop saur wakil presinden republik mimpi mah kedah di pasihan "tanktop" pasti moal kaku eui gera.....
----- Original Message ----- From: MRachmat Rawyani To: [email protected] Sent: Monday, March 26, 2007 4:02 PM Subject: [Urang Sunda] Anggota DPR jeung Laptop Anggota DPR I Hiji mangsa aya anggota DPR keur nyobaan komputer laptop, jatah pembagian salaku anggota Dewan. Jigana eta anggota DPR teh masih gaptek (gagap teknologi). diutak atik laptopna teu aya gambarna. Atuh kapaksa nelepon ka pausahaan anu nyadiakeun laptop eta. Dijawab ku Customer Service (CS) laptop. Anggota DPR:"Kumaha yeuh laptopna teu jalan" CS Laptop:" maksadna?" Anggota DPR:"Laptopna teu hirup" CS Laptop:"Tombol powerna tos dipencet?? Anggota DPR:"Beulah mana nya?" Anggota DPR II Anggota DPR:"Neng, kuring teh rek nyobaan ngakses internet, geuning teu bisa, kunaon nya?" CS Laptop:"Kunoan teu tiasa Pa?" Anggota DPR:"Kuring ngetik www.playboy.com, gambarna teu kaluar" CS Laptop:"Bapa, koneksi internetna, dial up atanapi hotspot?" Anggota DPR:"Make gambar anu aya tulisan e" (maksudnya internet eksplorer) CS Laptop:"Maksad abdi teh, Bapa langganan internetna ISP, teras cara koneksi ka internetna ngangge dial up atanapi hotspot, panginten settingna anu lepat" Anggota DPR:"Ari ISP teh naon nya?" CS Laptop:"Wah, ieu mah atuh 50 x 2 Pa" Anggota DPR:"Naon eta, neng?" CS Laptop:"CEPE alias CAPE nerangkeunana!!!" baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________________ Sucker-punch spam with award-winning protection. Try the free Yahoo! Mail Beta. http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/features_spam.html

