Punten nembe dijawab deui yeuh kumargi kasibukan.
   
  Info aksara Sunda parantos dirangkum sareng dilebetkeun kana situs sim kuring 
di asephadiyana.tripod.com/sundanese_culture.htm.
   
  Sae pisan sareng balageur ku getolna urang Kusnet teh, meni reueus. 



Saleresna mah sim kuring tos ngiring aub ngawitan ti taun 1998, mung carana 
benten, henteu ngalangkungan wikipedia. Sim kuring nyobi sosialisasi ka urang 
deungeun ku cara ngadamel situs dina basa Inggris ngeunaan Sunda sareng 
budayana anu mangrupi Cianjuran sareng Degung. Situs eta ditempelkeun di server 
tripod (alamat lawas: members.tripod.com/¬pasundan) sareng geocities. Hal ieu 
dilakukeun kumargi taun 1998 sim kuring sadar yen masih seueur lepat paham 
ngeunaan Sunda. Contona wae degung atanapi Cianjuran digolongkeun kana genre 
musik Jawa. Aya oge anu nganggap Sunda the aya di Afrika. Usaha ieu sakedik aya 
hasilna. Upamina wae aya urang deungeun anu nganuhunkeun kumargi tos dipasihan 
obor sapertos kieu:
  
   Name: Josh Myerov
   Email: [EMAIL PROTECTED]
   Date: 13 Feb 2003
   Time: 00:04:33
  Comment  Congratulations, it looks like you have a great site. I stumbled 
onto it because I was looking into a used CD I just bought called "Degung 
Sabilulungan." The music is wonderfully hypnotic. I have to admit, though, I 
thought I was buying "Sudanese" music from East Africa, only to discover it's 
"Sundanese" music from West Java. What a great discovery. 
  Mugia ku ayana upaya / info ieu, urang deungeun ani katarik ku budaya Sunda 
moal nyasar ka tempat sanesna.
   
  Insya Allah upami aya bahan sareng waktos, bade nyobian oge nguisan info 
wikipedia.
   
  Pun Asep
  asephadiyana.tripod.com
   
   
  

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Kaleresan 
urang Kusnet teh garetol (nu getol eta ge, heuheu...). Potensi anu gede, mun 
dikamalirkeun sacara bener mah hasilna tiasa tohaga, najan ukur bati salingkuh 
ge. Anu jadi luluguna mah nyaeta Kang Dian ti LSS-ITB nu ayeuna nuju ngumbara 
di Jerman, dibantu ku baraya nu sejenna. Lian ti eta, proyek2 anu nuju 
dikeureuyeuh teh di antarana 'digitalisasi pustaka2 Sunda', 'tarjamah Qur'an 
basa Sunda', jeung jurnal 'koropak'.
 
 Upami salira minat ngiring aub, mangga diantos pisan...
 

On 3/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                            
        Hatur nuhun, ngabantos pisan. Engke upami salse, informasinya bade 
dirangkum teras dilebetkeun kana situs web sim kuring.

Eta saha anu bageur ngalebetkeun warta / iber huruf Sunda kana wikipedia sareng 
oge ngadaptarkeun ka organisasi internasional ngeunaan huruf-huruf anu aya di 
dunya, kang?






 
     
                       

 
---------------------------------
Food fight? Enjoy some healthy debate
in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.

Kirim email ke