Di kuring loba jelema beurat benghar. Malah tepi ka asup PERDA. Budakna dioperasi plastik di Jepang da meh geulis. Basa hajat nikahkeun, mani rongkah. Elvi Sukaesih, Gita KDI diondang. terus jalan disewa ka DLLAJ. Tukang Beca disewa. Pokokna rongkah weh. Teu tiasaeun basa inggris. Malah basa Indonesia ge teu lancar. Mun gaul jeung urang dengen, boh luar Sunda atawa luar nagreg. Lain manehna anu jadi bisa basa dengen, tapi kalah ka batur anu bisa basa SUnda. Ah..tetep we benghar. Ngadamel bumi. Agreng, 4 lantai. Pang luhurna kolam renang. Tapi dijadikeun gudang gemuk tai hayam. Haha. Teu...nyaan... teu bisa basa inggris. Basa Indonesia oge teu lancar. Bupati mun dongkap anjeuna hormat mani deku. Tara eta bupati cumarion nganggo basa Indonesia. Basa Sunda we... Mun anjeuna rek piknik. Boh ka singapur atawa perancis. Pernah ka Amerika jeung Amerika latin (kamari ieu cenah hoyong ka Australia). Sing demi. Teu...teu make basa Inggris. Salamet we bisa balik. Jadi maning keneh basa inggris ti batan basa Sunda? Gumantung! Jalma anu ipis wawanen. Leutik burih, jeung teu boga kawani. PAsti kitu. Tapi jelema anu geus ngahiji jeung jiwa kajelemaana, basa mah ngan panganteur. Lain tujuan. Panganteur mah ibarat tukang pos. Lain intina. Pun Bapa kantos janten TKI di luar. Aya sobatna urang Belanda, India, Jepang, tur Arab. Kantos urang bulena ka Indonesia. Tadina, ceuk panyangka kuring, pun bapa nganggo basa lekoh urang bule. Tapi geuning...boro-boro. Anggeur we siga basa Sunda. Nu penting mah, ari "Yes" hartina keur "enya atawa heu-euh", "Ayem" (maksudna mah I'm, meureun) keur nunjukkeun "kuring" atawa dirina. Ah, geuning hog hag we. kadang basa SUnda kalaluar saperti si Belanda oge sok kaluar basa aslina. Jalan we. da basa mah ngan ukur alat panganteur komunikasi. Urang teu kudu silo ninggali batur bisa Inggris, tepi ka ilang diri tur jiwa. Saolah-olah basa urang leuwi handap batan basa deungen. Ah, deui-deui, eta mah gumantung. Jalma anu geus teu bisa nincakkeun diri di lemah caina, dina geurih tamplokna, dina "tapel"na, pasti teu PD make basa diri tur jiwana.
baktos Tantan Masih keneh terus diajar basa sunda On 3/26/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aeh, Kang Dudi…pangsiunan RT nu di Sudan tea nyaa? heheh...nepangkeun abdi Roro. Muhun ari diemut-emut mah leres, tong sok tulupang-talapung ka batur, da anjeuna mung saukur ngiripik saur Kang Toni tea mah…eh, ngiritik. Salaku urang Sunda abdi ge nampi kana sagala kritik Teh Ely, urang Sunda teh aya awona tapi seueur oge saena, tapi sami sareng Kang Dudi, teu resepna teh kana "ngajejeleh" baraya Kusnet jaba ditataan hiji-hiji, hawatos. Mun mending leres, mun henteu? Saur Bah Willy tea mah fitnah! Ari saur urang Batawi tea mah ka Teh Ely,"Emang, siapa elo?!!! heheh…. Ari di Sudan aya news dot com teu? Tah, pami siga Aa Pendi (Effendi Gozali) mah mangga, dipedar, dipadungdengkeun saena kumaha? Abdi mah kajeun tunduh, unggal malem Senen, sok ngahajakeun cinutrung payuneun TiPi nongton eta acara. Ni reueus abdi mah …aya urang Sunda siga anjeuna, motekar, nyindiran bin nyepetan pamarentah ku ngabodor. Nu ngiritik puguh bungkeuleukanana, PhD deuih…jaba bujangan keneh (eh, naha jig-jig kadinya? heheh…) Kamari ge kantos kenging somasi ti gegeden (menkominfo), tapi seueur nu resepeun kana acara ieu, kalebet abdi. Acara eta dipuji dugi ka urang luar nagreg, dugi ka aya sababaraha setasion TiPi ti luar nagreg nu "ngaliput" acara ieu. Ku lantaran menkominfo "nyanggakeun" sadaya-daya kaputusan aya di rayat, rayatna resepeun, nya teu cios liren. Tah, kumaha supados teu "babaladan" (tos gaduh balad sanes? Kang Jalak Pakuan, Kang Toni…saha deui?) antawis nu satuju sareng teu satuju "nalapung" Teh Ely, demokrasi tea urang adegkeun?....tapi ketang, hese di dunya goib kieu mah…Ah, nyanggakeun…uka ah moek..(tau ah, gelaaapp…) heheh. punten ah, rada seukeut...pisss meeen.... ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 03/26/07 12:03PM >>> Ari sim kuring mah asa teu ningali kang Ely ijid kana kasundaaan atawa kana basa sunda, tapi anjeunna mintonkeun pamadegannana sanggeus nyoba ngotektak ti sisi sejen tina sabagean karakter/kaayaan bangsa urang, khususna ki sunda. Analisana aya nu bener, satengah bener jeung bisa wae nyalahan. Wajar ngaranna ge pamadegan . Keur ngadegkeun demokrasi mah alus pisan padungdengan samodel kieu teh. ...
-- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--

