Ari kuring mah satujuna TEU DITALAPUNG.

lumayan jang sparing partner. he..he...he...

Malah anu LEUWIH PENTING, karakter samodel Teh Elly bisa jadi bahan latihan
pikeun urang.

Kapanan urang sunda teh ulah PUNDUNGAN.

Tah, lumayan pan bisa ngalatih urang narima kritik nepi ka fitnah.
ngalatih sabar.

Ulah ngabogaan sifat pangagung, teu tarima disebut goreng.
Terus wae make kakawasaan pikeun "Membungkam mulut"  anu ngomong goreng.

Cuek we, anjing menggonggong kafilah berlalu.
Lamun enya mah teu rumasa goreng, teu kudu kapapanjangan.

(Pasang kuda-kuda yeuh....haittt !!!)

On 3/26/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Aeh, Kang Dudi…pangsiunan RT nu di Sudan tea nyaa? heheh...nepangkeun
abdi Roro.

Muhun ari diemut-emut mah leres, tong sok tulupang-talapung ka batur, da
anjeuna mung saukur ngiripik saur Kang Toni tea mah…eh, ngiritik.



Salaku urang Sunda abdi ge nampi kana sagala kritik Teh Ely, urang Sunda
teh aya awona tapi seueur oge saena, tapi sami sareng Kang Dudi, teu resepna
teh kana "ngajejeleh" baraya Kusnet jaba ditataan hiji-hiji, hawatos. Mun
mending leres, mun henteu? Saur Bah Willy tea mah fitnah! Ari saur urang
Batawi tea mah ka Teh Ely,"Emang, siapa elo?!!! heheh….



Ari di Sudan aya news dot com teu? Tah, pami siga Aa Pendi (Effendi
Gozali) mah mangga, dipedar, dipadungdengkeun saena kumaha? Abdi mah kajeun
tunduh, unggal malem Senen, sok ngahajakeun cinutrung payuneun TiPi nongton
eta acara. Ni reueus abdi mah …aya urang Sunda siga anjeuna, motekar,
nyindiran bin nyepetan pamarentah ku ngabodor. Nu ngiritik puguh
bungkeuleukanana, PhD deuih…jaba bujangan keneh (eh, naha jig-jig kadinya?
heheh…)  Kamari ge kantos kenging somasi ti gegeden (menkominfo), tapi
seueur nu resepeun kana acara ieu, kalebet abdi. Acara eta dipuji dugi ka
urang luar nagreg, dugi ka aya sababaraha setasion TiPi ti luar nagreg nu
"ngaliput" acara ieu.



Ku lantaran menkominfo "nyanggakeun" sadaya-daya kaputusan aya di rayat,
rayatna resepeun, nya teu cios liren. Tah, kumaha supados teu "babaladan"
(tos gaduh balad sanes? Kang Jalak Pakuan, Kang Toni…saha deui?) antawis nu
satuju sareng teu satuju "nalapung" Teh Ely, demokrasi tea urang
adegkeun?....tapi ketang, hese di dunya goib kieu mah…Ah, nyanggakeun…uka ah
moek..(tau ah, gelaaapp…) heheh.



punten ah, rada seukeut...pisss meeen....

ro2



>>> [EMAIL PROTECTED] 03/26/07 12:03PM >>>
 Ari sim kuring mah asa teu ningali kang Ely ijid kana kasundaaan atawa
kana  basa sunda, tapi anjeunna mintonkeun pamadegannana sanggeus  nyoba
ngotektak ti  sisi sejen  tina sabagean karakter/kaayaan  bangsa urang,
khususna ki sunda. Analisana aya nu bener, satengah bener jeung  bisa wae
nyalahan. Wajar ngaranna ge pamadegan .

Keur ngadegkeun  demokrasi mah  alus pisan padungdengan samodel kieu teh.
...

Kirim email ke