Baheula acan 2 abad katukang, urang eropa (+inggris) osok make basa
latin lamun nulis ilmiah

Tara make basa inggris, jigana can saabad dunya make bahasa inggris
eukeur bahasa internasional,

 

Kayakinan simkuring lamun amerika(inggris+Australia) kateter boh dina
ekonomi anapon militer, jigana jelma bakal poho kana bahasa inggris teh

Jiga jelema poho kana bahasa laten, coba rugi tah diajar bahasa batur
ari pek teh teu kapake, mending make bahasa
sunda..............................

 

Ngarah urang nyaho kana dirina, lamun urang nyaho kana dirina tangtu
bakal nyaho ka
gustina.................................................................
.......

Tempat urang balik jaga ning jaga, ngan teuing iraha-irahana
mah.....................................................................
..............................................

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of dudi mulyadi
Sent: Monday, March 26, 2007 12:03 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] : Mending diajar basa Inggris tibatan ....=>
Ijid ,teu ijid=> demokratis

 

Ari sim kuring mah asa teu ningali kang Ely ijid kana kasundaaan atawa
kana  basa sunda, tapi anjeunna mintonkeun pamadegannana sanggeus  nyoba
ngotektak ti  sisi sejen  tina sabagean karakter/kaayaan  bangsa urang,
khususna ki sunda. Analisana aya nu bener, satengah bener jeung  bisa
wae nyalahan. Wajar ngaranna ge pamadegan .

 

Keur ngadegkeun  demokrasi mah  alus pisan padungdengan samodel kieu
teh. 

Ngan hanjakalna teh kang Ely teu wani mintonkeun  yen dirina teh saha
jeung eta sok nunjuk irung batur. Sok sanajan nu ditunjuk teh bisa bener
kitu ayana , ( komo mun nyalahan mah), etikana mah atuh kudu  wani
papada  muka saha dirina. Jeung deui ulah dipedar di millis ieu. Mun rek
dipedar oge ulah rek nunjuk irung si A , si B na. Cukup ku   nunjukeun
talajakna we , bari alusna mah  nunjukkeun oge kumaha alusna  ( ceuk
pamadeganna, can can puguh akus ceuk batur). Nu leuwih penting pisan
nyaeta contoan kumaha prak prakkan dina kahirupan sapopoe.Ulah ngan
saukur omdo  wungkul.

Tapi pikeun kuring mah, aya alusna pikeun bahan pikeun introspeksi diri
lah.

 

Salian ti kitu, sigana  teu kudu nepi ka kang Ely "ditalapung " tina
milis ieu.

Mun urang nepi ka nalapung anjeunna, urang hartina geus nutup diri tina
ngadengekeun pamadegan batur.Pan urang teh masing masing miboga ceuli 2
siki sewang , sedengkeun baham mah ngan sahiji. Hartina  alamiahna urang
kudu rea ngadengekeun  tibatan  nyarita. Keun we caritaan anu matak
nyentug kana  hate mah, anggap wae anjeunna  can aya nu ngajar kumaha
umumna batur nyarita. Sugan upama terus icik kibung dina milis ieu , aya
oge pulunganeun  keur anjeunna. Upama  ujug ujug ditalapung mah , bisi
wae nurutkeun nurani ,urang kaasup kana kategori nutup diri atawa angkuh
alias sombong. Pan salah sahiji ciren jalma anu sombong teh, embung
ngadenge omongan batur, atawa kumaha karep urang sorangan (golongan) we,
batur  (golongan sejen) mah  euweuh nu bener. Sugan we atuh  sok sanajan
kang Ely kitu talajakna, aya keneh bebeneran anu bisa ku urang
dipulungan. 

Wayahna we kanu katunjuk irung, kasebat ngaran, sing percanten keur
anggota milis sejen moal nepi  sajalantrahna nyimpulkeun anu ditulis ku
kang Ely teh bener 100%.Teu kudu hariwang.Da anggota kusnet teh sanes
ikan lumba lumba , anu "bisana" teh kulantaran dibere  nyaho wungkul ku
pelatihna . Anggota kusnet   mah miboga uteuk  oge nurani

 

Ka kang Ely  sok atuh muka diri. Saha anjeun teh sabenerna.

 

 

 



Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Heheh...dipikir-pikir mah baraya teh balalodor, geuleuh bin sono alias
"Benci tapi Rindu" ka Teh/Kang Ely teh...

Ari teu aya.... disauran, dipiliarian teu sidikna dikotektak, dikobetan
dugi ka kolong-kolong...heuheu... Tos aya, anjeuna nyerat
sapajang-panjang, bari kersaan ngabsenan hiji2 teu he love nu awonna
dipedarkeun bari jeung teu kantenan leresna...

Aya nu surak, asa resep aya nu ngaramekeun deui. Aya nu barendu, da
ketang teu rumaos tea... cigana pami dina bahasa komputer tea mah
Teh/Kang Ely teh tos "on board" nyariosna kitu ti dituna. 

Leres saur Wa Sidik timanan meak-meak tanaga & pikiran ngetik na basa
Sunda, bari jeung ijid, teu resep, prustasi...jrrd. Ningan permios
geura...da geulis/da kaseph... ke dirupus manten ku kuncen..heheh. 

Ke heula ketang, ari lalatX.com teh naon? Di dieu mah diblok
euy...sarupaning lalaleuran? (punten kuper abdi mah daaa...)

ro2

 

>>> [EMAIL PROTECTED] 03/26/07 10:29AM >>>

Sim abdi mah moal panjang-panjang mairanana

ieu milis diayakeun pikeun ngumulule kaSundaan, hartosna ;

- pikeun wargi Sunda anu reueus kana kaSundaanana, 

- wargi/etnis non-Sunda anu hoyong Nyunda.

upami saderek Ely teu resep/prustasi janten urang Sunda/ijid ka Sunda,
saena

kaluar we ti ieu milis, sa teu acan ditalapung ti ieu milis.

 

ssw 

 

  

  _____  

We won't tell. Get more on shows
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49980/*http:/tv.yahoo.com/collections/265%0d
%0a>  you hate to love
(and love to hate): Yahoo!
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49980/*http:/tv.yahoo.com/collections/265%0d
%0a>  TV's Guilty Pleasures list.

 

Kirim email ke