CEULI aeh ceu
eli.....................................................................
........

Kunaon?

 Meni asa rame ieu
teh.....................................................................
...........

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of ely evalita
Sent: Monday, March 26, 2007 11:56 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Mending diajar basa Inggris tibatan diajar
basa sunda

 

Aduh nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang anu karasep mah sunda pituin
atawa sunda jaman baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea sor sagala
dipasihkeun.

 

Atuh ayeunamah urang make basa anu pupujieun tea.

 

Kang Boim anu kasep anu jero tapak genteng kadek, katut kang Waluya guru
fisika teladan,  teh Ika pekerja keras anu pincontoeun para wanoja, anu
tiasa ngelehkeun Ma Eroh (sanes ma Erot), pasti teu teurang Ma Eroh pan,
atuh kukituna kuncen USNET anu bijaksana ...dst wilujeng tepang
deui..........duh nyaan genah oge yeuh.padahal dina eta pupujieuna
eusinamah sindiran....

 

Cag sakitu heula pupujieuna.

 

Hiji deui tah ciri urang sunda teh, resep ningali saha anu nyariosna,
sanes naon eusi atawa maksud cariosanana, komo lamun eta nu nyariosna
teh nganggo gelar DR. IR. SH jsb, aduh jigana teh anu dikemukakeunana
teh pasti bener, ieu anu ngakibatkeun daya nalarna katutup, akibatna
orang sundamah gampang ditipu, haneut keneh malah, Milyaran rupiah orang
Jawab Barat katipu ku IBIST pedah anu ngabibitana DR. Wandi dst.

 

Cag heula.

 

Aki, Nini, Bapa, Ema, Akang, teteh, katut ayi warga USNET ........ duh
nyaan genah oge yeuh.

 

Sakali deui urangteh geus waktuna rereongan mencarkeun daya fikir ku
daek ningali fikiran anu sejen, supaya urang sarerea atawa generasi
urang kahareup ulah jiga ayeuna, anu nyatana ayeuna hasilna kasangsaraan
kapapanjangan keur urang sarerea anu khususna daerah JAWABARAT. Keur
urang Jawabaratmah kajadian ieu teh sabenerna ampir teu asup akal, tatar
sunda anu daerah paling subur bari jeung sumber alamna cukup tapi teu
bisa mere kasajahteraan keur penghunina, pangangguran dimana-mana. Tah
ieu kabeh oge di sababkeun kuhiji sabab, nyaeta urang teh penghunina
bodo, akibatna loba kasieun, anu antukna teu bisa nganilai hiji
persoalan ku daya nalar anu bener.

 

Keur minterkeun warga, hiji-hijina cara nya pendidikan, tapi lain
jumlahna anu kudu dilobaan jiga supa, tapi justru sarana jeung prasarana
anu menunjang eta pendidikan lancar. Tah sarana utama pendidikan
sabenernamah jumlah lapangan kerja anu cukup keur para alumnina, sabab
sakola/pendidikan teh lain hiji tempat keur nyiptakeun ahli
usaha/wiraswastawan, ahli usaha mah datangna alamiah, tapi pendidikan
teh tempat transfer pengetahuan anu gancang, nya hasilnamah sabenerna
tenaga kerja anu terampil, atuh anu punjulna nya terus jadi pemikir
atawa ilmuwan. Kusabab kitu anu ayeuna kudu dipaju teh nya kumaha
narekahanana supaya lapangan kerja di Jabar teh tumbuh, tah lamun
lapangan kerja tumbuh, otomatis jelemana oge sumanget tolabul ilmu,
sabab maranehna aya target nu kudu direbut dihareupeunana, otomatis
pendidikan bakal maju. Sabalikna lamun lapangan kerja teu aya, atuh para
alumni oge hanjelu, maenya sakola cape-cape jadi S-1 ti UPI ari kudu
buburuh nepi kasubuh kuli nepi kajanarimah, komo balik deui jadi tukang
ngored, atawa digawe dipabrik tinun nyambungkeun benang pegat, atawa
kudu namprak wae kakolotmah, antukna prustasi, atuh kitu oge bakal
ngakibatkeun prustasi, nya akibatna leuwih jauh kakurang percayaan diri,
anu leubih bahaya deui generasi anu dihandapna mumul tolab ilmu, sabab
ningali para seniorna lulus D3, S1 atawa S-2 ngan jadi penganggur atawa
digawe di supermarket Alfa bagian memeres dagangan dina rak.

 

Naon bahayana sakola paguron luhur tumbuh jiga sirung kacang, anu
jelasmah kualitasna bakal ancur lebur. Mangga uningaan ku para saderek,
bisi pajarkeun abdi akon-akon, mangga arameng ka daerah, tingali
transfer pengetahuan model naon anu terjadi. Para saderek pasti terang
jiga kumaha hasilna engkena.

 

Balik deui kana basa Inggris. 

 

Sumber ilmu pengetahuan nepi ka abad salapan masih dikuasai bahasa Arab,
tapi beuki turun, komo basa Andalusia di ancur leburkeun ku Europa di
abad 11, buku pengetahuan teh dibawa ka Inggris, ka Perancis jsb,
diterjemahkeun diditu nya beuki kadieu anu punjul jadi bangsa Europa,
atuh otomatis bahasana basa Europa, nya beuki kadieu diganti ku basa
Inggris sabab basa inggris tetela basa anu paling gampang sadunya,
dibanding jeung basa Arab, komo basa China mah. Atuh Indonesia mah pan
nepi ka ayeuna oge elmuna masih elmu turunan, artina hampir sakabeh elmu
anu dipelajari kuurang teh nya elmu anu sumberna ti deungeun, kusabab
kitu mahasiswa bakal leuwih hade lamun maca langsung tina sumber aslina,
lain tina diktat karangan dosena anu can pasti benerna.

 

Sajalan tina kitu, nyata yen basa inggris teh dipake oge kusakabeh
industri naon we boh industri film, industri rekayasa jsb, antukna para
pelaksanana atawa buruhna daek teu daek kudu bisa make eta bahasa. Tah
ieu oge anu jadi alat kompetisi.Contona anu paling gampang, coba lamun
para sarjana di bandung anu ngaligeuh teh barisa basa inggris, atuh
minimal bisa ngumbara ka mancanagara jaradi tukang sasapu, jaradi jongos
di restoran , atawa jaradi montir mobil jsb, sabab di LN mah teu aya
pagawean anu hina, kabeh pagawe dihormat naon wae gawena, jeung hasilna
muncekil. Tinggali di USA pabalatak lulusan S-1 atawa S-2 anu jaradi
tukang koran atawa jongos direstoran, atawa jardi tukang ngurus anu
jompo. Ari anu memfasilitasi kemudahan kerja nya kudu pamarentah atuh,
tina bentuk bantuan kemudahan ngajieun paspor, ticket jsb.

 

Cenah aya dongen urang jepang teu bisa basa Inggris, asa helok nya,
lamun teu bisa basa Inggrismah Jepang moal boga Industri di Amerika, di
Inggris, di Australi  jsb. Malah ayeuna teh pesawat Boeing anu paling
anyar jangjangna dirancang bangun  jeung di wangun di jepang make
standard international basa inggris, atuh kitu oge abdi ngetik dina
laptop VIO centrino duo teh sakabeh tutorialna basa inggris.  

 

Sabenernamah lain basa inggrisna anu kudu di debatkeunanamah, tapi aya
heunteu niat urang sarerea ngamajukeun pendidikan, keur muka fikiran,
atuh cenah aya hiji pikiran ngadirikeun yayasan terus ngumpulkeun duit
keur ngabantu nyakolakeun anu teu mampu, eta meunang-meunang wae, tapi
justru moal bisa nuntaskeun, sabab pendidikanmah tanggung jawab
pemerintah/penguasa, lamun pendidikan diserahkeun kamasyarakat hasilna
jiga ayeuna pendidikan jadi ajang usaha. Sakali deui jadi ajang usaha,
pendidikan mah hak sakabeh rakyat anu hirup diwewengkon Indonesia jadi
kudu dijieun murah lamun bisamah kudu gratis, artinya tia jelema boga
kesempatan anu sarua keur maju. 

 

 

Note:

Palay terang abdimah atuh buka we data pribadi meuni sesah-sesah teuing,
tapi emut itu data pribadi, saur juragan kuncen itu menjadi rahasiah
pan.

 

Atuh upami alim maca posting abdimah, begitu aya ely evalita langsung
delete we.

 

Atuh anu paling gampilmah, banned saja Ely Evalita, namung upami di
banned etateh nunjukeun ciri jalmi sieun, nyaeta sieun ninggali batur
anu fikirana beda.

 

Kang Waluya, kang Boim, kang Iwan, Kang Sidik atuh ka sadaya para warga
USNET  Cag sakieu heula tos tunduh yeuh, Insya Allah sanes waktos
disambung deui.

 

baktosna

Elly

 

 

 

Bener bah..,
sok sanajan kuring oge kadang sok ngarasa panas ceuli ku postingan
teh/kang Ely jeung kadang oge sok aya nu kahartina tapi hanjakal
manehna teh leutik burih geuning teu wani terus terang saha manehna nu
sebenerna.
kaduana lamun postingan rek ngabahas hiji pasoalan ulah make conto
bari jeung nyebut ngaran batur komo nyontokeunana ku nyebut
kagorenganana (sok sanajan loba salahna jeung kanyataan).
rek ngabahas hiji pasoalan mah pek teh teuing tapi ulah bari
disamaraan/dibumbua n ku bari nyebut ngaran hiji baraya bari jeung
nyebut si A anu itu ieu tea, sabab ku nyebut ngaran batur bari jeung
nyebut si A anu itu/ieu tea eta can tangtu benerna jadi bisa disebut
gues su'udzon ngarana.

sok ah...! leuwih hadi terus terang heula saha anjeun nu sabenerna
ulah ngadon nyumput buni dinu caang ngarah puguh ka hareupna lamun
enya anjeun aya kawani.
kuring yakin asma ely evalita lain ngaran sabenerna... .

cag ah....,

 

  _____  

Never
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49938/*http:/tools.search.yahoo.com/toolbar/
features/mail/>  miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.

 

Kirim email ke