Mending diajar Basa Inggris dibanding Basa Sunda?????
Abdi teu ngartos maksadna????
Da saur abdi mah sami2 pentingna.....
Basa Inggris penting kanggo milari padamelan, nungtut
elmu ti nagara sejen, sareng sajabina

Basa Sunda ge penting,diantawisna penting kanggo
kapentingan pemeliharaan budaya, da ayana Sunda teh ku
ayana Basa Sunda, Mun leungit Basana nya leungit oge
Sundana, Sok we geura  mun teu nyarios Basa Sunda mah,
da sesah ngabentenkeun mana Urang Sunda mana Urang
Jawa..da secara fisik mah mirip. 

Oge deuih, da Diajar Basa Sunda mah Teu Sasesah diajar
Basa Inggris....Janten teu aya alesan kanggo hoream
diajar Basa Sunda....



--- Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Memang tabeat dina babasan aya anu disebat "anjing
> mah tara poho ka tai", sanaos dorobih oga kaciri.
> Pamadegan E L Y memang kitu. Naha teu uninga ari
> Bangsa Jepang proses majuna teh kumaha?? teu
> sagala-galana bhs inggris. Elmu-elmu dina bahasa
> inggris kiwari memang leres, sabab sanggem  E L Y
> oge Inggris ibaratna "maling" ti generasi lain, kitu
> sanes?. Teu kedah maksakeun, komo bari ngadedetkeun
> saolah-olah bahasa sunda teu penting?????. Lobana
> lowongan pagawean mah lain kudiajar bhs Ingris, tapi
> ku saha wae anu daek " investasi". Upami E L Y aya
> pangaweruh dina widang eta sok guar kumaha supaya
> lowongan gawe tiasa wujud??Antara pendidikan jeung
> lowongan gawe jigah endog jeung hayam, mana heula?
> Kabeneran meureun di Jabar loba nu pinter lulusan
> paguron, tapi mayunan kaayaan lowongan gawe kirang.
> Tapi di nagara tatangga, loba lowongan gawe mayunan
> masalah kirang padamel, boro-boro anu lulusan
> paguron anu kirang mahir oge ngadatangkeun ti luar
> nagara, leres kitu?. Alamiah anu
>  palalinter mah migrasi ti jaman baheula
> oge.Beulahan dunia kapendakna ku anu palinter. Kitu
> ceuk aki mah. Sok ah guar kumaha carana lowongan
> gawe bisa wujud, bari sagala kurang; enya kurang
> pinter kudu aya paguron anu loba pilihan, hayang
> investasi teu boga modal, bari boga pangalama ari
> nginjeum teh boa-boa kajerat jeung kajiret ku lentah
> darat. Loba pisan masalah geuning? Cing ku E L Y
> bere bobongbolonganan, eta pisan anu diantos-antos.
> Teori "Nurks" dugi ka ayeuna masih ajeg, Hatur nuhun
> sateuacana. Baktos kuring.    
> 
> ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       
>         Aduh nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang
> anu karasep mah sunda pituin atawa sunda jaman
> baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea sor sagala
> dipasihkeun.
>    
>   Atuh ayeunamah urang make basa anu pupujieun tea.
>    
>   Kang Boim anu kasep anu jero tapak genteng kadek,
> katut kang Waluya guru fisika teladan,  teh Ika
> pekerja keras anu pincontoeun para wanoja, anu tiasa
> ngelehkeun Ma Eroh (sanes ma Erot), pasti teu
> teurang Ma Eroh pan, atuh kukituna kuncen USNET anu
> bijaksana ...dst wilujeng tepang deui..........duh
> nyaan genah oge yeuh.padahal dina eta pupujieuna
> eusinamah sindiran....
>    
>   Cag sakitu heula pupujieuna.
>    
>   Hiji deui tah ciri urang sunda teh, resep ningali
> saha anu nyariosna, sanes naon eusi atawa maksud
> cariosanana, komo lamun eta nu nyariosna teh nganggo
> gelar DR. IR. SH jsb, aduh jigana teh anu
> dikemukakeunana teh pasti bener, ieu anu
> ngakibatkeun daya nalarna katutup, akibatna orang
> sundamah gampang ditipu, haneut keneh malah,
> Milyaran rupiah orang Jawab Barat katipu ku IBIST
> pedah anu ngabibitana DR. Wandi dst.
>    
>   Cag heula.
>    
>   Aki, Nini, Bapa, Ema, Akang, teteh, katut ayi
> warga USNET ........ duh nyaan genah oge yeuh.
>    
>   Sakali deui urangteh geus waktuna rereongan
> mencarkeun daya fikir ku daek ningali fikiran anu
> sejen, supaya urang sarerea atawa generasi urang
> kahareup ulah jiga ayeuna, anu nyatana ayeuna
> hasilna kasangsaraan kapapanjangan keur urang
> sarerea anu khususna daerah JAWABARAT. Keur urang
> Jawabaratmah kajadian ieu teh sabenerna ampir teu
> asup akal, tatar sunda anu daerah paling subur bari
> jeung sumber alamna cukup tapi teu bisa mere
> kasajahteraan keur penghunina, pangangguran
> dimana-mana. Tah ieu kabeh oge di sababkeun kuhiji
> sabab, nyaeta urang teh penghunina bodo, akibatna
> loba kasieun, anu antukna teu bisa nganilai hiji
> persoalan ku daya nalar anu bener.
>    
>   Keur minterkeun warga, hiji-hijina cara nya
> pendidikan, tapi lain jumlahna anu kudu dilobaan
> jiga supa, tapi justru sarana jeung prasarana anu
> menunjang eta pendidikan lancar. Tah sarana utama
> pendidikan sabenernamah jumlah lapangan kerja anu
> cukup keur para alumnina, sabab sakola/pendidikan
> teh lain hiji tempat keur nyiptakeun ahli
> usaha/wiraswastawan, ahli usaha mah datangna
> alamiah, tapi pendidikan teh tempat transfer
> pengetahuan anu gancang, nya hasilnamah sabenerna 
> tenaga kerja anu terampil, atuh anu punjulna nya
> terus jadi pemikir atawa ilmuwan. Kusabab kitu anu
> ayeuna kudu dipaju teh nya kumaha narekahanana
> supaya lapangan kerja di Jabar teh tumbuh, tah lamun
> lapangan kerja tumbuh, otomatis jelemana oge
> sumanget tolabul ilmu, sabab maranehna aya target nu
> kudu direbut dihareupeunana, otomatis pendidikan
> bakal maju. Sabalikna lamun lapangan kerja teu aya,
> atuh para alumni oge hanjelu, maenya sakola
> cape-cape jadi S-1 ti UPI ari kudu buburuh nepi
> kasubuh kuli nepi
>  kajanarimah, komo balik deui jadi tukang ngored,
> atawa digawe dipabrik tinun nyambungkeun benang
> pegat, atawa kudu namprak wae kakolotmah, antukna
> prustasi, atuh kitu oge bakal ngakibatkeun prustasi,
> nya akibatna leuwih jauh kakurang percayaan diri,
> anu leubih bahaya deui generasi anu dihandapna mumul
> tolab ilmu, sabab ningali para seniorna lulus D3, S1
> atawa S-2 ngan jadi penganggur atawa digawe di
> supermarket Alfa bagian memeres dagangan dina rak.
>    
>   Naon bahayana sakola paguron luhur tumbuh jiga
> sirung kacang, anu jelasmah kualitasna bakal ancur
> lebur. Mangga uningaan ku para saderek, bisi
> pajarkeun abdi akon-akon, mangga arameng ka daerah,
> tingali transfer pengetahuan model naon anu terjadi.
> Para saderek pasti terang jiga kumaha hasilna
> engkena.
>    
>   Balik deui kana basa Inggris. 
>    
>   Sumber ilmu pengetahuan nepi ka abad salapan masih
> dikuasai bahasa Arab, tapi beuki turun, komo basa
> Andalusia di ancur leburkeun ku Europa di abad 11,
> buku pengetahuan teh dibawa ka Inggris, ka Perancis
> jsb, diterjemahkeun diditu nya beuki kadieu anu
> punjul jadi bangsa Europa, atuh otomatis bahasana
> basa Europa, nya beuki kadieu diganti ku basa
> Inggris sabab basa inggris tetela basa anu paling
> gampang sadunya, dibanding jeung basa Arab, komo
> basa China mah. Atuh Indonesia mah pan nepi ka
> ayeuna oge elmuna masih elmu turunan, artina hampir
> sakabeh elmu anu dipelajari kuurang teh nya elmu anu
> sumberna ti deungeun, kusabab kitu mahasiswa bakal
> leuwih hade lamun maca langsung tina sumber aslina,
> lain tina diktat karangan dosena anu can pasti
> benerna.
>    
>   Sajalan tina kitu, nyata yen basa inggris teh
> dipake oge kusakabeh industri naon we boh industri
> film, industri rekayasa jsb, antukna para
> pelaksanana atawa buruhna daek teu daek kudu bisa
> make eta bahasa. Tah ieu oge anu jadi alat
> kompetisi.Contona anu paling gampang, coba lamun
> para sarjana di bandung anu ngaligeuh teh barisa
> basa inggris, atuh minimal bisa ngumbara ka
> mancanagara jaradi tukang sasapu, jaradi jongos di
> restoran , atawa jaradi montir mobil jsb, sabab di
> LN mah teu aya pagawean anu hina, kabeh pagawe
> dihormat naon wae gawena, jeung hasilna muncekil.
> Tinggali di USA pabalatak lulusan S-1 atawa S-2 anu
> jaradi tukang koran atawa jongos direstoran, atawa
> jardi tukang ngurus anu jompo. Ari anu memfasilitasi
> kemudahan kerja nya kudu pamarentah atuh, tina
> bentuk bantuan kemudahan ngajieun paspor, ticket
> jsb.
>    
>   Cenah aya dongen urang jepang teu bisa basa
> Inggris, asa helok nya, lamun teu bisa basa
> Inggrismah Jepang moal boga Industri di Amerika, di
> Inggris, di Australi  jsb. Malah ayeuna teh pesawat
> Boeing anu paling anyar jangjangna dirancang bangun 
> jeung di wangun di jepang make standard
> international basa inggris, atuh kitu oge abdi
> ngetik dina laptop VIO centrino duo teh sakabeh
> tutorialna basa inggris.  
>    
>   Sabenernamah lain basa inggrisna anu kudu di
> debatkeunanamah, tapi aya heunteu niat urang sarerea
> ngamajukeun pendidikan, keur muka fikiran, atuh
> cenah aya hiji pikiran ngadirikeun yayasan terus
> ngumpulkeun duit keur ngabantu nyakolakeun anu teu
> mampu, eta meunang-meunang wae, tapi justru moal
> bisa nuntaskeun, sabab pendidikanmah tanggung jawab
> pemerintah/penguasa, lamun pendidikan diserahkeun
> kamasyarakat hasilna jiga ayeuna pendidikan jadi
> ajang usaha. Sakali deui jadi ajang usaha,
> pendidikan mah hak sakabeh rakyat anu hirup
> diwewengkon Indonesia jadi kudu dijieun murah lamun
> bisamah kudu gratis, artinya tia jelema boga
> kesempatan anu sarua keur maju. 
>    
>    
>   Note:
>   Palay terang abdimah atuh buka we data pribadi
> meuni sesah-sesah teuing, tapi emut itu data
> pribadi, saur juragan kuncen itu menjadi rahasiah
> pan.
>    
>   Atuh upami alim maca posting abdimah, begitu aya
> ely evalita langsung delete we.
>    
>   Atuh anu paling gampilmah, banned saja Ely
> Evalita, namung upami di banned etateh nunjukeun
> ciri jalmi sieun, nyaeta sieun ninggali batur anu
> fikirana beda.
>      
>   Kang Waluya, kang Boim, kang Iwan, Kang Sidik atuh
> ka sadaya para warga USNET  Cag sakieu heula tos
> tunduh yeuh, Insya Allah sanes waktos disambung
> deui.
> 
=== message truncated ===



 
____________________________________________________________________________________
Finding fabulous fares is fun.  
Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and hotel 
bargains.
http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

Kirim email ke