Jadi emut kana salah sahiji disertasi doktor di
Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB) UI, anu
ngadadarkeun para tokoh "pendiri" Tarekat di Pulau
Sumatera. Eta para tokoh tarekat teh, upami dijujut
katurunana masih aya  turunan ka Nabi Muhammad SAW. Di
sababaraha paguron tarekat di Pulau jawa oge,
tokoh-tokohna teh, sok diidentikkeun aya runtuyan
katurunan ti NabiMuhammad. Jigana wae runtuyan
katuruan ka Nabi Muhammad SAW, hiji cara pikeun aya
wibawa di "mata" masyarakat Panganutna. (Punten),
sapertos Carios Kiansantang, katuruan ti pajajaran anu
masih aya pakaitna sareng Sayidina Ali, mantu Nabi
Muhammad, tina aspek kasajarahan rada sesah milarian
sumber resmi anu tiasa dipercanten.

Balik kapasualan Turunan  Nabi Muhammad SAW, raina pun
Aki ti pun biang, gaduh silsilah anu nandakeun
anjeunna teh katuruan ka-17 ti Nabi Muhammad SAW.
(sumberna ti salah sahiji karajaan di Jawa barat, tong
disebatkeun lah bilih aya nu kasigeung).
Upama urang ngurutkeun "berdasarkan" urutan taun Nabi
Muhammad SAW Jumeneng, jeung taun kalahiran pun aki
anu katuruan ka-17 tea (kalahiran taun 1925), rentang
waktuna teh mani asa pamohalan pisan.
Dian aspek masalah ieu, jigan urang kedah rada kritis.


baktos,

mrachmatrawyani

--- Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Dear,
> 
> 
> ningali indosiar isuk tadi, aya berita kyai besar nu
> kamari wafat di bogor teh loba pisan nu ngalayat
> na... teras masih keneh ti berita eta ceunah si pak
> kyai iyeu teh keturunan ka 35 ti nabi Muhammad SAW
> .. oge gaduh pasantren didaerah TEBET jakarta nu teu
> mulung bayaran keur iyuranana, mangga nu gaduh
> profil na di iberkeun atuh didiyeu meh urang
> sadayana terangeun
> 
> 
> Baktos
> 



 
____________________________________________________________________________________
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
http://autos.yahoo.com/new_cars.html 

Kirim email ke