Di museum viking di holmbaek, aya replika kapal viking, salian ti artefak
nu kapanggih ti hiji fjord.

Di museum sribaduga aya replika batu tulis ti kawali oge bogor.

Kamari2 aya bule nekad, ngadamel parahu nu gambarna aya dina dingding candi
borobdur.

Tah, sigana urang oge tiasa mun kaduga waragadna jeung upaya. Nyieun replika
kraton karajaan sunda.

Tapi tangtu kudu miceun heula memori dina sirah urang perkawis istana
karaton. Sanes kastil siga di eropa atawa di istana boneka dufan. Hehe
Kedah dipaluruh tina naskah antik, sugan aya gambaran rada eces,
dikumpulkeun. Digambar.

Tapi konteksna kudu disaluyukeun jeung waktuna. Agreng abad ka 15 beda jeung
agreng ayeuna. Utamana di urang, nu majuna beh dieu sanggeus mangsa
kolonial.

Siga parabot, di urang teu kacaturkeun aya parabot. Ampir Sadaya model nu
aya pangaruh eropa.

Tos heula

Kirim email ke