Euh aing mah kopdar teh jeung jalma eta deui, eta deui.
euweuh nu sejen kitu?

pan baraya kusnet di jakarta teh loba.
kamarana atuh nya?

Ja Leuleueueueueu  ja !
Tulak tu ja emaaaaaaaaaaaan gog !



On 3/29/07, K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  wah abdi mah teu tiasa euy, kedah ka sukabumi aya rerencangan anu nikah,
diteraskeun ka palabuhan Ratu, turing meureun caritana maaah...

Hapunten na bae, mugi acarana OK.

Baktos,
Runa Inawan - Bogor


On 3/29/07, salma_imas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> abdi daftar kang...
>
> imas
>
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> >
> > Baraya Kusnet di mana waé ayana.
> > Dibéwarakeun, yén Kusnet Jakarta bade ngayakeun Kopdar
> > rutin anu Insya Allah badé diayakeun dina :
> >
> > Dinten saptu, ping 7 April 2007
> > Tabuh 3 sonten nepi ka réngsé.
> > dibumina Kang Akos Kosasih :
> > Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara,
> > Kebon Jeruk, Jakarta Barat.
> >
> > Agénda acara :
> > - Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian...
> > - Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng
> > Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007
> >
> > Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang,
> > sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos
> > pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah
> > ngusahakeun (keukeuh).
> >
> > Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh
> > tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi
> konfirmasi.
> >
> >
> > Hatur nuhun,
> > Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
> >
> >
> > -Ndoell-
> > Tukang wawar
> >
>
>


--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke