Cenah mah loba urang Kusnet teh.. Tapi eta mah ceuk cenah. Da ari dunya goib mah apan tara sok pasti. Nu matak, tolak ukurna ku cara Kopdar saheulaanan. Cik, ayaan atawa henteu urang Kusnet teh.
Ari euweuh Kopdar sok naranyakeun, ari diayakeun kalah ngabaretem wae. Nu matak, nu milu Kopdar teh eta deui-eta deui. padahal haratis, teu kudu mayar. Datang, ngariung, seuseurian, jeung barangdahar. Pira ge dititah ngeunah, tapi da angger hararese. Mun jauh tea mah, nya rada pantes. Dina aya-na oge nu mairan bari moal datang cnah, rupa-rupa alesanana teh geuning : "Punten, kaleresan bade aya kaperyogian, sanes waktos wae" "Punten teu tiasa ngahadiran, naon kaputusan riungan, abdi mah ngiringan bae..." atawa .. "Wah, kaleresan dina dinten eta ucing abdi bade babaran" kitu pan ? heu heu -Dul- --- In [email protected], "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Euh aing mah kopdar teh jeung jalma eta deui, eta deui. > euweuh nu sejen kitu? > > pan baraya kusnet di jakarta teh loba. > kamarana atuh nya? > > Ja Leuleueueueueu ja ! > Tulak tu ja emaaaaaaaaaaaan gog ! > > > > On 3/29/07, K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > wah abdi mah teu tiasa euy, kedah ka sukabumi aya rerencangan anu nikah, > > diteraskeun ka palabuhan Ratu, turing meureun caritana maaah... > > > > Hapunten na bae, mugi acarana OK. > > > > Baktos, > > Runa Inawan - Bogor > > > > > > On 3/29/07, salma_imas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > > abdi daftar kang... > > > > > > imas > > > > > > > > > --- In [email protected] <urangsunda% 40yahoogroups.com>, > > > "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > > > > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > > > > > > > Baraya Kusnet di mana waé ayana. > > > > Dibéwarakeun, yén Kusnet Jakarta bade ngayakeun Kopdar > > > > rutin anu Insya Allah badé diayakeun dina : > > > > > > > > Dinten saptu, ping 7 April 2007 > > > > Tabuh 3 sonten nepi ka réngsé. > > > > dibumina Kang Akos Kosasih : > > > > Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara, > > > > Kebon Jeruk, Jakarta Barat. > > > > > > > > Agénda acara : > > > > - Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian... > > > > - Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng > > > > Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007 > > > > > > > > Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang, > > > > sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos > > > > pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah > > > > ngusahakeun (keukeuh). > > > > > > > > Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh > > > > tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi > > > konfirmasi. > > > > > > > > > > > > Hatur nuhun, > > > > Wassalamu'alaikum Wr. Wb. > > > > > > > > > > > > -Ndoell- > > > > Tukang wawar > > > > > > > > > > > > > > > > -- > > ::ri_1:: > > Hompage : http://inawan.blogspot.com > > http://inawan.blogs.friendster.com > > Mobile : +62-818-109410 > > www.urang-sunda.or.id. > > su.wikipedia.org > > [email protected] > > [EMAIL PROTECTED] > > urangtasik.multiply.com > > inawan.multiply.com > > > > > > >

