Sami jeung kuring Kang WAG, hayang saleresna mah yeuh, sanajan di Bandung jeung geus kapala 5, tapi tetep we pakepuk jeung Pangab (utuh). Saluut pisan Ka Kang Aa Misan nu ngagratiskeun diajar Bahasa Inggris. Mudah-mudahan kasaean Aa Misan teh tiasa dimanfaatkeun ku balarea. Hayang bisa lancar Basa Inggris, di tempat kursus, ayeuna mahal pisan. Di Bandung, nu guruna native speaker, tiasa 3/4 juta- 1 juta per tingkat (2-3 bulan, diajar 2 kali saminggu). Padahal aya belasan tingkat. di Salah sahiji tempat kursus, tingkatanana aya 14 tingkat. Jadi kurang leuwih diperyogikeun artos 12-14 juta rupiah, kakara tamat. Tapi tetep we teu ngajamin TOEFLna tepi ka 600 ..... Rek test TOEFL kudu kursus deui, hartina kudu mayar deui ....
Baktos, WALUYA --- In [email protected], Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Walaikumsalam Wr.Wb. > > Aduh bagja temen aya baraya urang anu sayogi nyebarkeun elmuna kalayan garatis. Sapertos pak Sukana sim kuring oge hoyong-hoyongna mah enya oge geus kapala lima (mun pagawe nagari mah pensiun) mung waktosna dinten Rebo sareng Jumat sim kuring masih di Jakarta aya parentah ti PANGAB (utuh). Kumaha tah upami pun anak bae sina ngagabung ngan pun anak mah acan jadi warga KUSNET kinten-kitenna naha baraya KUSNET ngawaridian. > > Wassalam, > WAG >

