mangga kang, insyaalloh ke dikintun abstrakna ayeuna abdi msh di surabaya
jatim. hatur nuhun kana pangdeudeul, pidua, sareng pangrojongna. da nu diserat
di disertasi abdi mah saleresna teu aya nu aneh+nu enggal, da eusina saleresna
mung dongeng atanapi lalakon para inohong sunda di pamarentahan (kaleresan di
pamarentah provinsi sunda (?) nami resmina mah pan prov jawa barat he2), kumaha
aranjeunna ngajalankeun pamarentahan dina situasi pancaroba sapertos kieu boh
di jaman orba boh saatosna orba... sami we kitu geuning repot antawis
kapentingan balarea... pakepuk sareng kapentingan pribadi sewang-sewangan atuh
sok komo kapentingan kelompok mah he2... janten we umumna mah kedah tariasa
maraen 'sulap' tea kang... tah nembe we dipakuat kaitkeun sareng 'budaya
organisasi (BO)' dina hartos nilai, sistem, sareng aturan2 nu aya di
organisasi... ah geuning teu mengpan eta BO teh... he2 tah sakitu kang eusi
pedaranna teh... mudah2an abdi tiasa ngadamel versi novel na manawi tiasa
guguru ka mang jamal... da seueur keneh data2na nu ku abdi teu dilebetkeun
sadayana da bilih janten 'teu ilmiah tea he2', janten aya 'self sensor' oge
he2... cag... sakali deui nuhun... hatur nuhun ka warga kusnet... sareng YP
(yayasan perceka) na mang jamal...
wassalam,
dmar
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng kanggo kang Dede anu parantos ngagondol
Doktor (S3), sanes S-1, jiga syarat calon presiden,
anu hartosna minus S1 (padahal mah wawaran gelar
akademik ti Depdiknas, nyeratna S1 (mun teu lepat).
Biasana sok aya abstrakna. Upami teu kaabotan mah,
langkung sae upami eta abstrak teh di kintunkeun ka
KUSnet. Hatur nuhun.
baktos,
mrachmat
--- Suteja Amijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng kango Kang Dede.
> Ngiring bingah, ngiring agul.
>
> ::teja::
>
__________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com