Wilujeng Pa Dede Mariana, parantos tiasa ngarengsekeun S3-na.

sababaraha poe anu ka liwat kuring kungsi ngabandungan wawancara bapa di
radio mara ngeunaan "Pengaruh Budaya Organisasi terhadap Perilaku Pejabat
Publik".
aya sababaraha patarosan kangge bapa ti simkuring:
1. Sabara lami waktos anu diperyogikeun kangge ngarobih eta Budaya
Organisasi (Pemda).
2. Naon jaminana eta parobahan budaya teh bakal ngawujudkeun kawalatraan
rahayat (urangsunda).
3. Saha anu bade ngarobih eta Budaya Organisasi (Pemda).

Hatur nuhun.
(Hapunten bilih kirang merenah, ngawantunkeun maneh tumaros meungpeung aya
ahlina)
sumawinata



On 3/30/07, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   mangga kang, insyaalloh ke dikintun abstrakna ayeuna abdi msh di
surabaya jatim. hatur nuhun kana pangdeudeul, pidua, sareng pangrojongna.
da nu diserat di disertasi abdi mah saleresna teu aya nu aneh+nu enggal,
da eusina saleresna mung dongeng atanapi lalakon para inohong sunda di
pamarentahan (kaleresan di pamarentah provinsi sunda (?) nami resmina mah
pan prov jawa barat he2), kumaha aranjeunna ngajalankeun pamarentahan dina
situasi pancaroba sapertos kieu boh di jaman orba boh saatosna orba... sami
we kitu geuning repot antawis kapentingan balarea... pakepuk sareng
kapentingan pribadi sewang-sewangan atuh sok komo kapentingan kelompok mah
he2... janten we umumna mah kedah tariasa maraen 'sulap' tea kang... tah
nembe we dipakuat kaitkeun sareng 'budaya organisasi (BO)' dina hartos
nilai, sistem, sareng aturan2 nu aya di organisasi... ah geuning teu mengpan
eta BO teh... he2 tah sakitu kang eusi pedaranna teh... mudah2an abdi tiasa
ngadamel versi novel na manawi tiasa guguru ka mang jamal... da seueur keneh
data2na nu ku abdi teu dilebetkeun sadayana da bilih janten 'teu ilmiah tea
he2', janten aya 'self sensor' oge he2... cag... sakali deui nuhun... hatur
nuhun ka warga kusnet... sareng YP (yayasan perceka) na mang jamal...

wassalam,
dmar

*MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 Wilujeng kanggo kang Dede anu parantos ngagondol
Doktor (S3), sanes S-1, jiga syarat calon presiden,
anu hartosna minus S1 (padahal mah wawaran gelar
akademik ti Depdiknas, nyeratna S1 (mun teu lepat).

Biasana sok aya abstrakna. Upami teu kaabotan mah,
langkung sae upami eta abstrak teh di kintunkeun ka
KUSnet. Hatur nuhun.

baktos,

mrachmat
--- Suteja Amijaya < [EMAIL PROTECTED] <suteja%40urang-sunda.or.id>>
wrote:

> Wilujeng kango Kang Dede.
> Ngiring bingah, ngiring agul.
>
> ::teja::
>

__________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo!
Games.
http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com







--
sumawinata

Kirim email ke