Hebat lah tulisan di handap teh. Kuring salut kanu nulisna. Sok diteraskeun deui nulis budaya POP sejenna. Ari ceuk kuring mah, tulisan di handap teh, lir tukang potret, anu motret hiji kajadian di masyarakat, nyaeta Budaya POP.
Baheula mah budaya POP teh heunteu pati diropea ku kalangan akademisi paguron luhur, atawa para gegeden/jalma menak. Soalna budaya POP, budaya "rendahan", budaya jalma cacah. Tapi ari ceuk para pebisnis mah, selera jeung budaya POP teh, hiji kasempetan pikeun "ngeruk duit". Mangkana, teu heran lamun ayeuna di masyarakat teh diramekeun ku pilem-pilem "jurig" sabab aya potensi bisnis anu bisa dikeduk tina budaya POP eta.Lamun hiji pilem ditongton ku 100 rewu jalma, dikalikeun wae Rp 10.000 (bandingkeun jeung proyek Laptopna anggota DPR, anu potensi bisnisna nepi saratusan milyar). Balik deui ka Laptop eh...kana budaya POP. Geuning didinya teh aya peluang pikeun ngamekarkeun budaya jeung ngalestarikeun Basa Sunda. Pasarna pan jelas, para kawula muda tea. Saheunteuna, lamun para kawula muda "menikmati" musik HIP HOP tea, pasti aya nu panasaran kana lirik-lirik laguna, naon hartina. Ku ayana kahayang ngaregepkeun lagu-lagu eta, "diduga kuat" bakal hirup kahayang pikeun ngarti leuwih jero perkara basa Sunda. Jadi sok sanajan budaya POP dianggap rendahan, atawa selera musik rendahan, masih aya mangpaatna pikeun ngamekarkeun basa Sunda. Ari ceuk kuring mah, ieu teh hiji pola anu bisa dijadikeun patokan pikeun ngalestarikeun budaya jeung basa Sunda. baktos, mrachmatrawyani --- : boedax angon: : Sun Apr 1 19: 11: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED];;;;;, ":: boedax angon ::" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Saha ngaran maneh saha ? imah dimana > Saha ngaran maneh saha ? ..... > > Eta lirik teh nyutat tinu tembang Ebiet. Panginten > loba oge nu kungsi ngareunge lirik eta lagu nu sok > diputer di radio-radio swasta di tatar-sunda, tiap > poe pasti wae aya nu ngarequest lagu eta. Komo deui > keur barudak ngora mah eta lagu teh keur trendi > atawa basa legegna mah hype. > > Nang sakaol deui naha Ebiet wae nu trendi Lagu > Sunda teh panan loba keneh lagu Sunda deui kawas, > Darso, Doel Sumbang, jrrd. Nya ari Ebiet teh hiji > lagu nu ngandung aliran HIP-HOP nu keur > haneut-hanuet kiwari. Jeung deui naha geuning > tuturut munding miluan budaya Batur , panan HIP-HOP > teh ti luar negeri. Nya mun tea mah HIP-HOP teh > laguna kaum black di nagara Amerika , jeung deui ieu > lagu teh loloban sok silih nyindiran, ledekan atawa > ceuk basa legegna mah Battle tea. > > Keun weh ari aliran HIP-HOP na mah sanajan ti luar > nageri, tapi geuningan aya keneh barudak Ngora nu > reues keneh kanu Basa Sunda nu di terapkeun dinu > laguna. Nya panan ngarikasa basa Sunda teh tiasa wae > tinu widang musik samodel HIP-HOP. Mun ngomong > HIP-HOP teh, baheula di ngetrenan ku Kang IWA K tea > , laguna nu katelah BATMAN Kasarung, nu lirikna > sarena beurang-beurang, kakalayangan ti peuting > Batman Kasarung come on, leumpangna siga jagoan aya > anting di kuping Batman Kasarung come on . Sanggeus > jamanna IWA K rada ngereleup tah aliran HIP-HOP , da > ceuk cenah ieu aliran HIP HOP teh ngan saukur Hype > na leuwih ti lima tahuanan, karek hype deui. Laju > weh tahun 98-an aya group HIP-HOP deui, keur jaman > eta mah disebutna Pesta Rap, aya hiji group Hip-Hop > nu aya sunda an nyaeta diarananan Sound Da Clan. > > Tah kiwari Hip-Hop teh keur hype deui, komo basa > Ebiet ngaluarkeun judul lagu nu diaranan Saha ngaran > Maneh, laju weh aya deui group deui nu nga battle > Ebit nu judul laguna Lebok Siah, cek cenah mah eta > lagu teh keur nyindiran Ebit ngeunaan laguna malahan > lagu ieu teh kungsi jadi lagu hit di radio-radio > swasta Bandung, aya deui group Hip-Hop teh nu > ngamumuleu deui basa Sunda nyaeta Kung Pow Chicken, > dina hiji laguna aya lirik nu hade pisan didinya si > Kung Pow Chicken teh make lagu sunda nu lirik na teh > Bang kalima-lima gobang bang bangkong tengah sawah > wahai tukang bajigur .. ieu lagu dipake keur battle > dicaritakeun ku manehna. > > Kiwari Hip-Hop Underground keur mimiti hirup deui, > samodel AK27 nu aya judulna Patriot Sunda Ceria, > nu lirikna teh kawas kieu .. ceuk saha HIP-HOP > Underground teh geus pupus, cing mangga dangukeun > hiji tembang perjuang keur pertahanan sanes > penyerangan ..., didieu AK27 atra pisan make sunda > dinu lirik na teh, malihan mah ayta deui lirik na > teh nu matak nyeureud hate ..dengarkan kami HIP-HOP > Underground distrik Dataran Sunda .. , aya deui > hiji group HIP-HOP Underground teh nu make lirik > Sunda nyaeta Project Family nu judulna Sukabumi > Bandung, didinya oge aya lirik nu make basa sunda > nyaeta ..Bandung jeung Sukabumi ayeuna geus ngahiji > nyatukeun visi jeung misi ngadeudgeun pangarti teu > aya lian teu aya sanes nyambungkeun tali > silaturahmi. .. , mereun aya keneh group HIP-HOP > boh nu nganggo merek Major Label atawa non major > label atawa underground tea nu marake lirik Sunda, > ngan dasar urang Sunda ditungtung lagu teh atawa di > tengaha atawa mimiti lagu teh sok aya wae > hereuyna kawas laguna si AK27 di tungtung laguna > .. geus lach gandeng-gandeng bau beul .. naon ach, > jeung laguna panutup Project Familiy nu judulna > Bandung Sukabumi .. gandeng-gandeng ka tatangga.. > Tah ceuk saha basa sunda bakal musnah teh geuningan > aya keneh nu micinta basana sok sanajan di larapkeun > kanu lagu HIP-HOP oge. > > iraha wae andika tandang makalang, > ulah poho kanu purwadaksina, > sabab dinu kiwari ngancik bahari, > seja ayeuna sampereun jaga > > cag ach > Yayan Mulyana > www.geocities.com/jajaka_subang > ____________________________________________________________________________________ 8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time with the Yahoo! Search movie showtime shortcut. http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news

