Kuring boga rarasaan, upama aksara Sunda asalna ti Jawa, asana teh diobrolkeunana jiga anu "ijid' pisan, sarwa negatif, heunteu PD alias ngarasa "inferior". Naha rarasaan ieu teh leres kitu?
Ari ceuk Kang Mumu mah, dosen sastra Daerah di FIB-UI, anu widang kaahlianana kana aksara Sunda Kuno. Ceuk cenah aksara Sunda teh aya dua tipe. Kahiji tipe aksara Sunda abad ka-13, anu kadua aksara Sunda abad ka-16. Dina kurun waktu 3 abad wae, aksara Sunda teh beda pisan sacara signifikan. Ke kukuring dikintun foto-foto aksara Sunda abad ka-13 sareng abad ka-16. Sigana wae ku ayana pangaruh ti luar, lalaunan aksara Sunda jadi robah. Jiga ayeuna wae, pan aksara Sunda nu asli mah teu aya kecap kecap....... (hilap deui). Tapi ari dina aksara Sunda anu dikaluarkeun resmi ku pamarentah Provinsi Jawa Barat (taun 2003), eta kecap anyar (tina pangaruh basa laten) diasupkeun sabage salah sahiji kecap basa Sunda. Dina perkara ieu, Almarhum Mang Ayat kantos nyarios ka kuring. Waktu Pemda Jabar ngabentuk tim pikeun ngaluarkeun katangtuan perkara aksara Sunda ieu, Mang Ayat jadi salah sahiji anggota timna. Salian ti mang Ayat, aya sababaraha nami deui. anu ku kuring teu terang saha-sahana, tapi diantawisna teh aya Pa Wahyu Wibisana, anu ngawakilan ti kalangan Budayawan Sunda. tah, kecap jeung aksara Sunda "tambahan" diusulkeun ku Pa Wahyu Wibisana. Sahingga ahirna mucunghul aksara basa Sunda siga anu dikaluarkeun ku Pemda Jawa Barat. Harita teh, Mang Ayat teu satuju, lamun aksara Sunda, ditambahan ku kecap-kecap anyar. Barang rek didaftarkeun ka Unicode, eta aksara Sunda teh ditolak, alesanana cenah mah sabab aya kecap anyar anu teu dikenal dina naskah-naskah Sunda jaman baheula. Nepi ka ayeuna kumaha jujutanana eta aksara Sunda anu didaftarkeun ka Unicode. Teu pati jelas. Bilih wae aya para saderek baraya KUSnet anu tiasa ngajentrekeun perkawis ieu, atuh langkung sae, supados beres jujutanana. Teh Ika Mardiah, atanapi kang Oman, atanpai Ua Sasmita panginten tiasa masihan informasi langkung paos. baktos, mrachmatrawyani --- Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kapungkur abdi oge gaduh pamadegan kitu > yen aksara sunda teh asalna ti akasara jawa > malih mah kantos gaduh bukuna anu buhun > buku sunda nu ditulis dina aksana cacarakan > pikeun diajar aksara sunda van jawa > nyaeta "Ngaraksa Pusaka Adjisaka" > murni seratanana dina aksara cacarakan sadayana > urutanana bleg aksara jawa lengkep jeung "tha" jeung > "dha" > > sapaarntosna kuliah nembe terang ti nu kuliah sastar > sunda yen > urang sunda oge boga huruf asli nu harita masih > disebut huruf "paku" > > janten upami nyebat aksara sunda ayeuna mah kedah > jentre > nu dimaksad numana sigana .... ____________________________________________________________________________________ We won't tell. Get more on shows you hate to love (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list. http://tv.yahoo.com/collections/265

