hatur nuhun, kang Rawyani...kana pangbagea oge kana sarana. Atuh upami akang ngersakeun nyerat di Balebat, mangga diantos pisan. Tiasa dikintun ka [EMAIL PROTECTED]
Baktos, Runa Inawan Sirkulasi/Tata Usaha BALEBAT On 4/2/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waktos aya acara seminar "baduy' di FIB UI Kampus Depok, kuring dipasihan majalah Balebat. Harita keneh kuring langsung ngomentaran kana "lay out" sareng tulisan-tulisan rubrik, harita can dibaca eusina naon, basana jiga kumaha. Di KUSnet oge, asana ngan Ua Sasmita anu ngabahas rada daria perkara eusi majalah. Tapi kalolobaanana, di KUSnet, perkara, agen, dimana bisa meser majalah eta. Ari ningali tina haneutna "panyambutan" ka majalah Balebat, ieu nandakeun salah sahiji promosi anu jitu. Sok sanajan ceuk kuring mah, promosi anu dilakukeun ku pihak Balebat teu acan maksimal. Padahal mah, ceuk kuring KUSnet bisa dijadikeun ajang pikeun promosi majalah Balebat. Jiga anu dilakukeun ku Media Indonesia di Metro tivi jam 12 an peuting. Bogor dimana tempat Balebat mucunghul, mun teu lepat sabenerna mah tempat dimana majalah Mangle awal mucunghul. Pupuhu Majalah Mangle, asana mah kantos bumen-bumen di Bogor (Ibu Rohamina Sudarmika). Saliwat mah kuring pernah maca para tokoh-tokoh anu kantos mingpin majalah Mangle teh, nyabit-nyabit bogor teh tempat dilahirkeunana Mangle. Aya hal anu leuwih penting deui, nyaeta perkara ngumpulkeun naskah atawa Bank Naskah. Kusabab Balebat mah majalah anu sifat penerbitanana heunteu diwates ku waktu (jiga harian), rada laluasa lamun ngumpulkeun naskah-naskah ti anggangna. Paling heunteu, kudu aya naskah pikeun ngeusian keur 10 nomereun. Lamun toas siap tina aspek naskah ieu, para pangasuhna bisa ngarenghap lega. Tapilamun neangan naskahna pas kabeneran rek terbit, pangasuhna pasti bakal renghap ranjug, alias bisa ditebak moal lila umur Baebat. Jeung deuih lamun bisa mah ulah dicampur adukeun atawa dihijikeun antara redaksi anu tugasna neangan naskah jeung anu promosi, komo deui ditugaskeun kudu neangan dana. Entong sakali-kali dicampurkeun. Ku ayana media internet atawa TI, sabenerna mah ngaringankeun pagawean di widang karedaksian jeung promosi, gumantung kumaha ngamangpaatkeun samaksimal mungkin teknologi jeung sarana eta. trenna dimana? Para panulisna teh "muka-muka" anayr di jagat panulisan, nya kitu oge para pangasuhna teu acan aya pangalaman ancrub di widang permediaan. Tapi ieu teh lain hartina kualitas Balebat oge goreng. Sabab nu utama mah di widang permediaan Sumanget anu ngagedur dina nanjeurkeun Kasundaan, supaya teu pareum di tengah jalan. kapaning Bogor teh pusatna karajaan Sunda Pakuan, maenya teu aya anu bisa dipikareueus. (usul kuring, cing tuliskeun atuh kaayaan batutulis ayeuna, tulisan anu rada jero). Sakieu wae heula pangbagea keur majalah Balebat. Wilujeng soson-soson, midangkeun majalah Balebat sacara maksimal. baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________________ The fish are biting. Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing. http://searchmarketing.yahoo.com/arp/sponsoredsearch_v2.php
-- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

