Wilujeng wayah kieu Kang Asep* Alhamdulillah, nuhun pujiannana*hanjakal teu gaduh receh, geblegan keneh saageung panto*kaleresan guntingna ledu deuih heheh.. Kecap warna, saketerang abdi dina basa Sunda teh kelir. Da sok emut pami di lembur, pun eyang pami nyarios teh kieu,"Lawon keur kaputeun teh nu kelir hejo bae, tong nu beureum*meh lungguh" (maklum eyang abdi mah teu resepeun warna "genjreng" nu matak serab kanu soca). Tapi nembe ditoong dina kamus basa Sunda Tatang Sumarsono (ngahaja disimpen di kantor piparantieun noongan nu teu ngartos heheh) yen kelir = sketsel, layar wayang kulit, ngelir = lurus. Emut waktos SD kapungkur pami ngelir teh nyaeta ngawarnaan. Janten bingung mana nu leres*ah, panasaran keneh, milari kana kamus on-line, eh diblok*hiks* Pami ditengetan mah seratan Kang Asep perkawis ngagolongkeun warna, saur JK tea mah,"sangat relevan dan signifikan" heheh* Mangga baraya nu sanes bilih bade aya nu nambihan, sok geura kapayun*. ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/02/07 01:05AM >>> Wilujeng wengi teh Roro, Meni jangkis (eh jangkdut kitu?), kumargi seueur gizi dina katuangannana panginten. Sareng solehah. Memang agami (sareng olah ragi) kedah dicepeng, he heh.. Wangsul ka perkawis warna, kumaha kacindekannana? Tiasa henteu upami dicindekkeun yen dina basa Sunda: Warna dibentenkeun tingkat kejeroan (kedalaman) warna (basa sains-na hue), aya warna kolot sareng warna ngora (atanapi warna panas sareng tiis). Hejo lagedod vs hejo daun (hejo tikuda); Beureum euceuy Warna dibentenkeun tina tingkat seueurna cahaya (contrast): Bodas nyacas Hideung lestreng Warna oge dianggo dina ungkapan. Hejo carulang Koneng umyang Bodas ngeplak (bodasna rata) Hejo ngemploh (hejona rata?) Hideung cakeutreuk (hideung + kotor) Bilih aya anu kakantun atanapi kalepatan dina kasimpulan ieu, mangga tambihan atanapi lereskeun ku teh Roro sareng para pamiarsa sadaya. Salamna, Pun Asep

