Aya informasi anu relevan & signifikan yeuh. Cobi atuh gambar aksara kadua 
jinis aksara Sunda teh dialungkeun kadieu kang. Upami tiasa mah sakalian sareng 
gambar prasastina atanapi lontar atanapi naon wae.
   
  Perkawis pandaftaran aksara Sunda, sami panasaran yeuh, hoyong terang kumaha 
kamajuannanan. Upami ditolak ku Unicode, kumaha upami diusulkeun deui ku anu 
gaduh wewenang ka eta organisasi mung aksarana kedah diuihkeun ka aslina 
panginten (ulah ditambih-tambih upamina wae ku tanda baca sareng nu sanesna).
   
  Salamna,
Pun Asep



MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
 Kuring boga rarasaan, upama aksara Sunda asalna ti
 Jawa, asana teh diobrolkeunana jiga anu "ijid' pisan,
 sarwa negatif, heunteu PD alias ngarasa "inferior".
 Naha rarasaan ieu teh leres kitu?
 
 Ari ceuk Kang Mumu mah, dosen sastra Daerah di FIB-UI,
 anu widang kaahlianana kana aksara Sunda Kuno. Ceuk
 cenah aksara Sunda teh aya dua tipe. Kahiji tipe
 aksara Sunda abad ka-13, anu kadua aksara Sunda abad
 ka-16. Dina kurun waktu 3 abad wae, aksara Sunda teh
 beda pisan sacara signifikan. Ke kukuring dikintun
 foto-foto aksara Sunda abad ka-13 sareng abad ka-16.
 Sigana wae ku ayana pangaruh ti luar, lalaunan aksara
 Sunda jadi robah.
 Jiga ayeuna wae, pan aksara Sunda nu asli mah teu aya
 kecap kecap....... (hilap deui). Tapi ari dina aksara
 Sunda anu dikaluarkeun resmi ku pamarentah Provinsi
 Jawa Barat (taun 2003), eta kecap anyar (tina pangaruh
 basa laten) diasupkeun sabage salah sahiji kecap basa
 Sunda. Dina perkara ieu, Almarhum Mang Ayat kantos
 nyarios ka kuring. Waktu Pemda Jabar ngabentuk tim
 pikeun ngaluarkeun katangtuan perkara aksara Sunda
 ieu, Mang Ayat jadi salah sahiji anggota timna. Salian
 ti mang Ayat, aya sababaraha nami deui. anu ku kuring
 teu terang saha-sahana, tapi diantawisna teh aya Pa
 Wahyu Wibisana, anu ngawakilan ti kalangan Budayawan
 Sunda. tah, kecap jeung aksara Sunda "tambahan"
 diusulkeun ku Pa Wahyu Wibisana. Sahingga ahirna
 mucunghul aksara basa Sunda siga anu dikaluarkeun ku
 Pemda Jawa Barat. Harita teh, Mang Ayat teu satuju,
 lamun aksara Sunda, ditambahan ku kecap-kecap anyar.
 
 Barang rek didaftarkeun ka Unicode, eta aksara Sunda
 teh ditolak, alesanana cenah mah sabab aya kecap anyar
 anu teu dikenal dina naskah-naskah Sunda jaman
 baheula. Nepi ka ayeuna kumaha jujutanana eta aksara
 Sunda anu didaftarkeun ka Unicode. Teu pati jelas.
 Bilih wae aya para saderek baraya KUSnet anu tiasa
 ngajentrekeun perkawis ieu, atuh langkung sae, supados
 beres jujutanana. Teh Ika Mardiah, atanapi kang Oman,
 atanpai Ua Sasmita panginten tiasa masihan informasi
 langkung paos.
 
 baktos,
 
 mrachmatrawyani
 
 --- Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>
 wrote:
 
 > Kapungkur abdi oge gaduh pamadegan kitu
 > yen aksara sunda teh asalna ti akasara jawa
 > malih mah kantos gaduh bukuna  anu buhun
 > buku sunda nu ditulis dina aksana cacarakan
 > pikeun diajar aksara sunda van jawa
 > nyaeta "Ngaraksa Pusaka Adjisaka"
 > murni seratanana dina aksara cacarakan sadayana
 > urutanana bleg aksara jawa lengkep jeung "tha" jeung
 > "dha"
 > 
 > sapaarntosna kuliah nembe terang ti nu kuliah sastar
 > sunda yen
 > urang sunda oge boga huruf asli nu harita masih
 > disebut huruf "paku"
 > 
 > janten upami nyebat aksara sunda ayeuna mah kedah
 > jentre
 > nu dimaksad numana sigana ....
 
 __________________________________________________________
 We won't tell. Get more on shows you hate to love 
 (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
 http://tv.yahoo.com/collections/265 
 
     
                       

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke