Ari nguping kecap "rada herang" dina konteks tukang sate teh sok wararaas, jauh
panineungan sareng kasuat-suat emut ka maranehannana, nyaeta emut kana piring
sareng gelas tukang sate anu rada herang. Maklum gelas sareng piringna tos
heubeul, janten henteu herang deui, ngan ukur rada herang.
Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sate Hudori di purnawarman atuh...taeuna rada herang.
-----Original Message-----
From: Reka Gayantika [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, April 02, 2007 1:24 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....
Kuring pernah kadinya. tapina asa biasa wae da, sabenerna mah lain
perkedel, da eta mah cimplung kentang, (bedana jeung perkedel, cimplung mah
make aci sakedik dina adonanna). rasana mah biasa wae (ceuk selera kuring),
tempatna di sabeulah sate Hadori anu di station. tempatna leutik pisan, bau
hangseur deuih. matak seuseueurna ngabungkus anu kadinya teh.
pernah kuring ngobrol jeung anu dagangna, cenah manehna dina sapoe beak 20
Kg Kentang, adonan beak 2 jolang tiap poe. malem minggu leuwih rame. amun
meuli kadinya, dijamin ngantriiiiiiiiiii...
Kunaon disebut perkedel bondon. jigana pedah bukana peuting hungkul nepi ka
subuh. jeung emang, sababaraha aya pelangganna anu emang "bondon" atawa
emang anu mulang ti "ngabondon". tapi ayeuna mah pinuh ku saha wae anu
balanjana, ibu2 oge seueur, keluarga oge aya, meser didinya, langsung
dibungkus, ditambul bisa, di candak ka bumi jang rencang sangu oge tiasa.
-Bohay-
On 02/04/07, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya kamari sim kuring ngadenge lagu anu dinyanyikeun ku Dori
panyiar radio Rama ngeunaan kadaharan di Bandung cenah ayana di deukuet
stasion cenah mah geus kawentar oge tapi kuring asa kakara nyaho yeuh nyaeta
perekedel bondon. Cik tah naha eta kaasup kana katuangan sunda jeung kanaon
make diaranan perekedel bondon naha anu balanjana rereana bondon kitu.
Baktos,
WAG
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.