yes...eta anu dimaksad.
ari langsung make kecap "bondon" mah asana kasar amat.
ieu mah can nanaon mikirna ngeres bae.
(bari luak-lieuk) aya kang Boim?

-----Original Message-----
From: Asep Hadiyana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, April 03, 2007 8:47 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....



Ari nguping kecap "rada herang" dina konteks tukang sate teh sok wararaas, jauh 
panineungan sareng kasuat-suat emut ka maranehannana, nyaeta emut kana piring 
sareng gelas tukang sate anu rada herang. Maklum gelas sareng piringna tos 
heubeul, janten henteu herang deui, ngan ukur rada herang.

Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 


sate Hudori di purnawarman atuh...taeuna rada herang.
 

-----Original Message-----
From: Reka Gayantika [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, April 02, 2007 1:24 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....


Kuring pernah kadinya. tapina asa biasa wae da, sabenerna mah lain perkedel, da 
eta mah cimplung kentang, (bedana jeung perkedel, cimplung mah make aci sakedik 
dina adonanna). rasana mah biasa wae (ceuk selera kuring), tempatna di sabeulah 
sate Hadori anu di station. tempatna leutik pisan, bau hangseur deuih. matak 
seuseueurna ngabungkus anu kadinya teh. 
pernah kuring ngobrol jeung anu dagangna, cenah manehna dina sapoe beak 20 Kg 
Kentang, adonan beak 2 jolang tiap poe. malem minggu leuwih rame. amun meuli 
kadinya, dijamin ngantriiiiiiiiiii...
Kunaon disebut perkedel bondon. jigana pedah bukana peuting hungkul nepi ka 
subuh. jeung emang, sababaraha aya pelangganna anu emang "bondon" atawa emang 
anu mulang ti "ngabondon". tapi ayeuna mah pinuh ku saha wae anu balanjana, 
ibu2 oge seueur, keluarga oge aya, meser didinya, langsung dibungkus, ditambul 
bisa, di candak ka bumi jang rencang sangu oge tiasa. 

-Bohay-


On 02/04/07, Akhmad Gunawan < wagunawan2000@ <mailto:[EMAIL PROTECTED]> 
yahoo.com> wrote: 

Baraya kamari sim kuring ngadenge lagu anu dinyanyikeun ku Dori panyiar radio 
Rama ngeunaan kadaharan di Bandung cenah ayana di deukuet stasion cenah mah 
geus kawentar oge tapi kuring asa kakara nyaho yeuh nyaeta perekedel bondon. 
Cik tah naha eta kaasup kana katuangan sunda jeung kanaon make diaranan 
perekedel bondon naha anu balanjana rereana bondon kitu. 
 
Baktos,
WAG 





  _____  

Sucker-punch  
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49981/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/features_spam.html>
 spam with award-winning protection.
Try the free  
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49981/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/features_spam.html>
 Yahoo! Mail Beta. 



 

Kirim email ke