Dua dinten nu kalangkung, kuring maca koran Kompas, cenah Bank BNI , ngaluarkeun hiji program kredit pikeun para pangusaha leutik jeung menengah. Ieu teh program lila tapi ayeuna rek dipasarkeun leuwih progresif, ku cara ngalokasikeun dana anu langkung ageung. Kaleresan dinten minggu kamari teh ngobrol sareng kang Oman perkawis rencana ngadegkeun koperasi, kanggo ngawadahan kagiatan baraya KUSnet dina widang usaha. Tah, pan aya kang Jaka di Kantor BNI Pusat. Cobi ku kang Jaka pedarkeun perkawis perkreditan ieu. Sugan wae atuh aya bongbolangan kanggo waragad baraya KUSnet anu bade janten pangusaha Kecil/mikro.
baktos, mrachmatrawyani ____________________________________________________________________________________ Looking for earth-friendly autos? Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center. http://autos.yahoo.com/green_center/

