Saleresna mah, masih aya tumbuna (sambunganana)
pernyataan kuring eta teh. Aya "sajarah masa lalu" anu
ngahaja di "kelirumologi" kan (nyandak istilah ti Kang
Jaya Suprana, juragan jamu Jago. Kelirumologi ieu,
janten hiji hal anu ngabalukarkeun halangan pikeun
"mengeksplorasi"  budaya Urang Sunda. Saolah-olah
Sunda "dihandap" kakawasaan budaya Jawa. Padahal mah
dina perkara aspek budaya, tos ilahar upama aya
pangaruh ti luar budayana sorangan. Sareng deui, dina
perkara budaya mah teu aya hiji budaya leuwih agul
batan budaya sejen, tapi tingkatna teh sajajar. Siga
kelirumologi anu ayeuna mahabu di masyarakat. Budaya
Barat leuwih Unggul batan Budaya Timur.
Sikep jiga kieu ceuk kuring mah anu tiasa ngarusak ka
diri sorangan.(punten ah, ieu pendapat pribadi kuring,
tos pasti aya kaliruna).

baktos,

mrachmatrawyani

--- brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kuring boga rarasaan, upama aksara Sunda asalna ti
> Jawa, asana teh diobrolkeunana jiga anu "ijid'
> pisan,
> sarwa negatif, heunteu PD alias ngarasa "inferior".
> Naha rarasaan ieu teh leres kitu?
> 
> 
>   Ceuk kuring mah teu kudu ngimpleng kitu, Kang!
> Komo "nuding" ka batur mah boga sikep kitu mah,
> langkung sae sigana mah mun urang nempo tina "gaya"
> masing2 jelema dina ngebrehkeun pamadeganana atawa
> pamanggihna kana hiji pasualan. Langkung punjul mah
> panginten lamun urang mere katerangan jujutanana,
> naha diantara urang boga pamanggih sapertos kitu. 
>    
>   porenges
> 



 
____________________________________________________________________________________
Food fight? Enjoy some healthy debate 
in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367

Kirim email ke