Ass Baraya, salaku Urang Sunda, hayang pisan mun wangunan jaringan sosial kuring oge nancep di Bangsa Sunda. Ti mimiti ekonomi, sumanget budaya, atawa nu lainna. Kunaon? Lain narsis, sabab kuring nyaah pisan kana kasundaan. Tapi, ku naon nya, dina marengan ieu kahirupan, US anu jadi batur kuring teh bet boga laku anu kadang-kadang matak pikaheraneun. Conto masalah jangji. Kadang, mun kuring ngarencanakeun hiji acara, atawa diondang kudu hadir dina hiji acara, kabiasaan sumping telat teh mani jadi ciri. Nya,kuring gede hate we. Saribuk pisan meureun, teu siga kuring anu loba panganggurana.
Ngan matak hanjelu teh, kadang pamangku acara (sohibul maksad) na oge telat. Eleuhhh, ari ngagaduhan acara kitu mah, kumaha atuh. Terus terang, kuring yakin ieu lain kabiasaan Urang Sunda. Tapi kabiasaan goreng anu mimtina ku urang sok ditolelir kitu bae. Ti dinya jadi aya permakluman. Terus we jadi habit. Kadang-kadang, kabiasaan ngabolaykeun jangji atawa teu aya konfirmasi mun aya katelatan. Kuring kadang nyeri beuheung sosonggeten nungguan hiji jalma anu butuh ka kuring. Aneh kadang. ENya, deui-deui, da kuring mah rada nganggur. Jadi rada bebas dina masalah waktu. Sok sanajan, keur nohonan hiji jangji, komo mu jauh pisan ti rorompok, memeh subuh geus pabaliut da ngudag waktu. Eh barang anjog, acara dibolaykeun tepi ka 3 jam. Aneh. Teuing ari kieu kabiasaan. Pan, mun aya komitmen mah, pasti kana waktu oge ngahargaan. Mun teu bisa, nyarios teu bisa. Mun teu mampu kudu jam sakitu, nya ngawartosan bade jam sabaraha. Ari kieu teh kabiasaan urang lain, nya! Cing kuring nyungkeun pencerahan. Bingung pisan. Baktos tantan

