geuning benten sareng aksara jawa!
ieumah duka lulucon atanapi seriues, waktos Banten misah ti Jabar abdi gaduh
carita ti wawrgi nu aya di Pandeglang yen salila ieu urang Banten teh cenah mah
ngarasa di Jajah ku urang Pasundan.
naha aya bentenna antawis Banten, Sunda, Pasundan, Parahyangan.
yayan
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres sakumaha anu disanggemkeun ku akang, aya suku
kata (nami dina basa sundana teh engang) serapan ti
basa sanes, sapertos V, F, Z. Kh sareng nu sanesna.
Tah dihandap ieu aya abjad (basa sundana silabis) asli
basa Sunda kuno abad ka-17, nya eta:
1. Ka
2. Ga
3. Nga
4. Ca
5. Ja
6. Nya
7. Ta
8. Da
9. Na
10. Pa
11. Ba
12. Ma
13. Ya
14. Ra
15. La
16. Wa
17. Sa
18. Ha
Conto aksara Sunda kuno abad ka-17 aya attache
dihandap ieu, kenging ti Kang Mumu.
Baktos,
mrachmatrawyani
--- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten, nu dimaksad ku Kang Rachmat teh panginten
> sanes "kecap" tapi "sora". Sabab ari aksara sunda
> mah ngalambangkeun sora sanes ngalambangkeun kecap,
> teu sapertos aksara cina, unggal kecap aya aksarana
> masing masing. Memang sora nu enggal teh ayana
> kulantaran aya kecap kecap nu enggal nu diadopsi ti
> Walanda, Inggris, Arab, jrrd. Sora nu enggal teh nu
> teu aya lambangna dina aksara sunda asli panginten
> sora f, v, q, z, sy (punten pangnambihankeun
> kakiranganana!). Leres kitu eta nu dimaksud kang
> Rachmat?
>
> Kang santosa
>
__________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
with theYahoo! Search movie showtime shortcut.