Nya ngeureuyeuh Ua.... 
Biasanamah uing maca teh lamun Ua nitah uing indit ka Batawi....
Dina kareta, tibatan ngaheureuyan Pramugari mending maca buku....
..... geus genep bulan euy can nganjang boh ka Batawi boh ka 
Serbeujeuh.........di Bandung we....
Balik deui kana buku.....Buku eta teh ayeuna di Ua Adang S. ke dipenta deui 
ah....
Siganamah masalah :
   Hirup jeung Huripna
   Panon jeung Awasana
   Irung jeung Ambeuna
   Awak jeung Ragana
   Rasa jeung Rumasa
nyeuweu kana Hakekat jeung ma'rifat... sarupa jeung : "Kudu logor dina liang 
jarum, ulah sereg di buana"
Pernah oge ditanyakeu ka Kang Ibing.. jawabna teh.. 
"Anu kieu mah ulah nanya ka Urang atuh, sieun salah... tuh ka Abah Surya (Drs 
HR Hidayat Suryalaga)" cenah..
Tapi nepi ka ayeuna can pareng.......

geus ah...


Wassalam

Mamat rachmat mantan jajaka kapaksa van banjar






  ----- Original Message ----- 
  From: MSasmita 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, April 04, 2007 11:32 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: TANGTUNG SUNDA BUANA


  Asana mah aya nu disebut dat jeung sifat ( harti dat ceuk kamus mah wujud).
  Kang Jajaka manten, kapan bareto uing kungsi ningali didinya ngagigiwing
  buku hal dat jeung sifat, baca we buku eta, kapanggih geura.
  kapan geus ngamimitian resep maca teh lin...?

  MSas

  ----- Original Message -----
  From: "Mamat rachmat" <[EMAIL PROTECTED]>
  To: <[email protected]>
  Sent: Wednesday, April 04, 2007 4:56 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: TANGTUNG SUNDA BUANA

  > Sumuhun, abdi oge sakapeung sok hemeng ku bahasa sarupi kitu, mugi
  > para inohong tiasa ngajelaskeun....
  > Biasanamah Ua Sas, Ua Sidik, Bah Wili, Kang Oman...jrrd.....
  >
  > Hirup jeung Huripna
  > Panon jeung Awasana
  > Irung jeung Ambeuna
  > Awak jeung Ragana
  > Rasa jeung Rumasa
  > jrrd....
  >
  > Wassalam
  >
  > Mamat Rachmat, mantan jajaka kapaksa, asal Banjar

  . 
   

Kirim email ke