Euleuh euleuh eta si teh Ro2 mani capetang kitu, naha ieu teh gara-gara teu 
jadi praja kitu he he he. Kuring oge satuju lah bubarkeun bae sina gabung jeung 
SOSPOL UNPAD pan ngeunaan elmu kapamarentahan mah di SOSPOL oge diajar lain, 
cik pang nanyakeun ka budak SOSPOL.
   
  WAG  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Ngiring ngadongeng ah…ngangge basa cohag we nyaa…
   
  Unggal ngaliwat ka Jatinangor nenjo kampus STPDN, kuring sok kasuat-suat… 
Inget jaman baheula basa karek lulus ti SMA, kuring jeung babaturan sakelas 
hiji lalaki, hiji deui awewe dalaptar ka AKABRI Rudini (sok disebut kitu pedah 
we harita nu jadi Mendagri-na Rudini keneh nu ngusulkeun hayang disaruakeun 
jeung AKABRI, dilantik ku Presiden), susuganan we meunang. Rada cangcaya oge, 
da babaturan kuring nu lalaki mah anak camat, ari kuring anak kolong, pikir 
kuring manehna pasti meunang… Bapa kuring ge kungsi nyaram bari ngomong,”Naaa, 
meuni hayang-hayang teuing asup kadinya?” 
“Meh gampil ngadamel KTP, Kartu Keluarga ah, pokonamah nu aya hubungan sareng 
pamarentah weh…heheh…”,ceuk kuring sangeunahna.
“Mun rek asup ka hiji instansi tong beda jeung kolot da “aya jatah” biasana 
asup nu kitu mah…”, ceuk Bapa kuring deui.
   
   
  APDN --> STPDN --> IPDN --> UPDN? Rek diganti naoooooooonnn we oge angger ari 
cara ngadidik jelemana goreng mah…pasti loba deui Praja nu bakal jadi korban. 
Atawa P-na geus tidituna kitu meureun?…Institut Pembunuhan Dalam Negri. 
   
  Kangge abdi mah teu aya alesan 1-4….BUBARKAN!
   
  Punten jadi nasteung kieu…heheh. Pisssss aaaahhh….
   
  ro2
prajateujadi
   
   
   
   
   
  >>> [EMAIL PROTECTED] 04/05/07 09:06AM >>>

  IPDN dengan sukses menewaskan kembali prajanya.
   
  Mun ceuk uing mah alusna IPDN teh dibubarkeun wae.
   kahiji : 
  kadua :
  katilu :
 kaopat :
  

         

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke