Hiji deui nu matak pikasebeleun pikeun kuring mah, salian ti 
kekerasan. Cenah, saur Pak Inu, salah saurang dosen IPDN, budaya free 
sex oge geus asup ka IPDN. Beuki nambahan we black list-black list 
ngeunaan IPDN. Untung baheula kuring mah embung waktu dijurung-jurung 
boh ku kolot atawa guru-guru di SMA ngiluan testing asup STPDN.



Baktos,
OTA
Nu Ti Baheula teu Kabita ka STPDN
 
--- In [email protected], Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Euleuh euleuh eta si teh Ro2 mani capetang kitu, naha ieu teh gara-
gara teu jadi praja kitu he he he. Kuring oge satuju lah bubarkeun 
bae sina gabung jeung SOSPOL UNPAD pan ngeunaan elmu kapamarentahan 
mah di SOSPOL oge diajar lain, cik pang nanyakeun ka budak SOSPOL.
>    
>   WAG  
> 
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>             Ngiring ngadongeng ah…ngangge basa cohag we nyaa…
>    
>   Unggal ngaliwat ka Jatinangor nenjo kampus STPDN, kuring sok 
kasuat-suat… 
> Inget jaman baheula basa karek lulus ti SMA, kuring jeung babaturan 
sakelas hiji lalaki, hiji deui awewe dalaptar ka AKABRI Rudini (sok 
disebut kitu pedah we harita nu jadi Mendagri-na Rudini keneh nu 
ngusulkeun hayang disaruakeun jeung AKABRI, dilantik ku Presiden), 
susuganan we meunang. Rada cangcaya oge, da babaturan kuring nu 
lalaki mah anak camat, ari kuring anak kolong, pikir kuring manehna 
pasti meunang… Bapa kuring ge kungsi nyaram bari ngomong,"Naaa, meuni 
hayang-hayang teuing asup kadinya?" 
> "Meh gampil ngadamel KTP, Kartu Keluarga ah, pokonamah nu aya 
hubungan sareng pamarentah weh…heheh…",ceuk kuring sangeunahna.
> "Mun rek asup ka hiji instansi tong beda jeung kolot da "aya jatah" 
biasana asup nu kitu mah…", ceuk Bapa kuring deui.
>    
>    
>   APDN --> STPDN --> IPDN --> UPDN? Rek diganti naoooooooonnn we 
oge angger ari cara ngadidik jelemana goreng mah…pasti loba deui 
Praja nu bakal jadi korban. Atawa P-na geus tidituna kitu meureun?…
Institut Pembunuhan Dalam Negri. 
>    
>   Kangge abdi mah teu aya alesan 1-4….BUBARKAN!
>    
>   Punten jadi nasteung kieu…heheh. Pisssss aaaahhh….
>    
>   ro2
> prajateujadi
>    

Kirim email ke