jadi pantes atuhnya mun pemeriantahan ayeuna jiga kieu ayana.
korupsi berjamaah?....teu usum, teu usum
trend baru, contona Puspoyo....
kumaha atuh?
meureunan jaga ning geto, syarat jadi pagawe publik kudu anu geus boga 
sertfikat wajib militer.
 
 
 

-----Original Message-----
From: Roro Rohmah [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, April 05, 2007 11:09 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re : IPDN





Ngiring ngadongeng ah...ngangge basa cohag we nyaa...
 
Unggal ngaliwat ka Jatinangor nenjo kampus STPDN, kuring sok kasuat-suat... 
Inget jaman baheula basa karek lulus ti SMA, kuring jeung babaturan sakelas 
hiji lalaki, hiji deui awewe dalaptar ka AKABRI Rudini (sok disebut kitu pedah 
we harita nu jadi Mendagri-na Rudini keneh nu ngusulkeun hayang disaruakeun 
jeung AKABRI, dilantik ku Presiden), susuganan we meunang. Rada cangcaya oge, 
da babaturan kuring nu lalaki mah anak camat, ari kuring anak kolong, pikir 
kuring manehna pasti meunang... Bapa kuring ge kungsi nyaram bari 
ngomong,"Naaa, meuni hayang-hayang teuing asup kadinya?" 
"Meh gampil ngadamel KTP, Kartu Keluarga ah, pokonamah nu aya hubungan sareng 
pamarentah weh...heheh...",ceuk kuring sangeunahna.
"Mun rek asup ka hiji instansi tong beda jeung kolot da "aya jatah" biasana 
asup nu kitu mah...", ceuk Bapa kuring deui.
 
Ah, ngarana ge usaha, kuring keukeuh. Bur-ber tiluan jeung babaturan ngurus 
administrasi pendaftaran ka ditu kadie...meunang syukur, teu meunang kajeun, 
itung-itung pangalaman. Ti sababaraha tes kuring lulus. Geuningan tesna teh 
ampir sarua jeung asup tentara?! Batur kuring nu awewe, ti tes kasehatan mula 
teu lulus, kuring jeung babaturan nu lalaki mah lolos nepi ka pantuhir. Ceuk 
panitia pengumuman lulus rek diumumkeun di koran Pikiran Rakyat. Babaturan 
kuring mah tenang-tenang we da yakin lulus, kuring pasrah.
 
Bener we, kuring teu lulus ari babaturan kuring lulus, wah, nyaan ieu mah...eh, 
ketang tong suudzon heula boa teuing lulus tidituna heheh...Ah, ning neangan 
kabogoh budak STPDN sarua keneh pan?... kungsi meunang kawawuhan, ari pek teh 
nu meunang mah adi kuring...nepi ka bale nyungcungna ka budak STPDN, ayeuna 
pindah dines ngilu ka salakina nu dines di lemburna di Jawa Timur.
 
Kabehdieunakeun, loba pisan carita goreng ngeunaan budak STPDN. 
Alhamdulillah...kuring teu jadi asup kadinya, da teu jadi pagawe nagri ge teu 
burung we manggih dahar geuning heheh...
Komo milu ngenes, ningali berita dina TiPi tadi isuk, kolot & ninina Cliff 
Muntu kapiuhan nepi ka sababarah kali...Gusti Nu Agung! Budak ti leuleutik, 
diusapan, dipepende, dinangnanengne, ari geus gede...dipaehan batur! 
 
Sakanyaho kuring di AKABRI ge teu kitu-kitu teuing. Barinage asa can ngadenge 
aya Taruna nu nepikeun kapaeh basa keur pendidikan pedah digebugan ku seniorna. 
Naaaa...ieu mah meuni teungteuingeun?! 
 
Ceunah dina berita, pedah hayang ngadidik disiplin alatan telat latihan 
drumband, nya atuh tong kitu-kitu teuing nepi ka paehna. Inget ka babaturan 
kuring nu lulus STPDN tea, tulisanana teh butuuuuttt kacida. Ku kuring sok 
diseungseurikeun,"Cik ieu teh tulisan atawa "sandi rumput" hahah....". Manehna 
ngan saukur jamedud. Tah, matak naon atuh meh Praja alus tulisanana, hukumanana 
titah nulis sugan sabuku kandel ditulisan, pasti cangkeuleun pan? Atawa seuna 
lumpat sababaraha kuriling lapangan, ngahormat bandera sapopoe...
Hukuman kitu ciga budak sakola SD/SMP/SMA, tapi mun capeun ngan saukur kapiuhan 
moal nepikeun kapaehna.
 
APDN --> STPDN --> IPDN --> UPDN? Rek diganti naoooooooonnn we oge angger ari 
cara ngadidik jelemana goreng mah...pasti loba deui Praja nu bakal jadi korban. 
Atawa P-na geus tidituna kitu meureun?...Institut Pembunuhan Dalam Negri. 
 
Kangge abdi mah teu aya alesan 1-4....BUBARKAN!
 
Punten jadi nasteung kieu...heheh. Pisssss aaaahhh....
 
ro2
prajateujadi
 
 
 
 
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/05/07 09:06AM >>>

IPDN dengan sukses menewaskan kembali prajanya.
 
Mun ceuk uing mah alusna IPDN teh dibubarkeun wae.
 kahiji : 
kadua :
katilu :
 kaopat :



 

Kirim email ke