Kuring boga sobat keur budak, manehna kaluaran APDN, pernah jadi Camat, diakhir
karier, jadi ketua BAPPEDA di hiji kabupaten di jabar, kahirupannana kaasup
beunghar,upama dibandingkeun jeung gajihna mah, pamohalan,
Disebut meunang usaha diluar, sakanyaho mah tara usaha, jadi preman boh di
institusi atawa di masayarakat, henteu kasebut.
Ngan ( ceuk manehna) ari KORUPSI leuleutikan ( ceuk lmanehna - gede ceuk
kuring ) mah osok, kusabab aya kasempetan, jeung lamun henteu , bisi
kapiheulaan batur.sarta moal bisa ka MEKAH MAWA KULAWARGA cenah.
Jadi hartina KORUPSI kusabab KUDU,jeung PERLU ?!?!?!?!?! ,jeung ERA lamun
henteu,.............LIEUR ah
Dedih Durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alumni STPDN/IPDN nu tos daramel jadi pajabat teu acan kakuping aya
nu jadi preman di institusi pamarentah. Panyiksaan salila di
kuliahan sigana teu dibabawa kana pagawean nu ayeuna dilakonan. Nya
mun aya nu kasangkut korupsi mah lain ti lulusan STPDN/IPDN wungkul,
lulusan perguruan tinggi lain oge sami we seueur nu jadi beurit.
Nupuguh mah nu salah, kudu ditewak. Sistem nu salah kudu
dibenerkeun. Abdi satuju ka komentar Kang Beben, kacuali
usulan/komentar ka-dua jeung ka-opat he he. Peace ah.....
Salam,
DD
--- In [email protected], beben bunyamin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari ceuk sim kuring mah kieu (hapunten ngiring ...komen.
> 1. IPDN teu kudu dibubarkeun, basis pendidikanna bae nu dirubah
tong make gaya militer.
> 2. Jang ningkatkeuin kadisiplinan siswa cukup diayakeun semacam
Kewiraan/Wamil waktu asup mimiti bae di rinif dam kawas politeknik
baheula.
> 3. Kadar kaimanan siswa kudu leuwih ditingkatkeun, sing leuwih
disadarkeun yen ngarogahala anak batur teh teu saluyu jeung Ajaran
agama
> 4. Ieu nu penting, usulkeun ka Pamarentah pikeun nyien jalan tol
ka Sumedang supaya teu macet jeung Jang Aldo bisa lancar lamun rek
Ngalongok mitoha.....
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]>
> To: aldo desatura <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Thursday, April 5, 2007 9:28:05 AM
> Subject: [Urang Sunda] #1 Petisi keur Bubarkan sajah IPDN teh
>
> IPDN dengan sukses menewaskan kembali prajanya.
>
> Mun ceuk uing mah alusna IPDN teh dibubarkeun wae kusabab.:
>
> kahiji : Nyiptakeun preman dina institusi pemerintah
>
> kadua : Ngabeakeun Budget Nagara
>
> katilu : Balik Deui Ka Jaman Kolonialisasi atawa Orba, Kusabab
Pasti Masuk
> Kadinya teh ngaleuwihan Sakolah Militer Digebog na teu nembongkeun
Identitas
> Timur, maranehanana siga Bangsa Barbar
>
> kaopat : Nyieun Macet di Jatinangor Sumedang tah iyeu nu paling
penting
> mah... Akses uing jadi rada lila mun ka mitoha teh heuheuhe lain
kitu kang
> Kumi...????
>
> tah kitu kang Yuliadi
>
---------------------------------
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam.
http://id.mail.yahoo.com/