Sapuk, Kang. Rai patuangan heheh*(maksa, lemesna adi beuteung naon atuh?) teu kitu, sanaos anjeuna lulusan STPDN tara kadangu keras ka batur di kantornamah. Malahmah janten panutan di kantorna*nanaon anjeuna-nanaon anjeuna, bade korupsi kumaha da padamel alit? Abdi mah ngarojong dibubarkeun soteh ambeh teu kateterasan nambihan korban. Nya etamah mung saukur kahoyong abdi nu janten rahayat alit, bade digugu bade moal gumantung kana kaputusan gegeden Republik ieu. Usulan nu kadua ti Kang Beben, pami teu lepat mah kantos ningali dina TiPi satos pupusna Wahyu Hidayat nu pupus digebugan ku seniorna tea, kantos ngulem Aa Gym ka STPDN, tapi geuning angger wae aya keneh Praja nu ditandasa* Ari saur rerencangan gigireun abdi mah, manghanjakalkeun pami IPDN bubar margi gaduh proyek pengadaan komputer diditu, ke we ceunah pami proyekna tos beres, mangga bade bubar oge*heheh. ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/05/07 01:48PM >>> Alumni STPDN/IPDN nu tos daramel jadi pajabat teu acan kakuping aya nu jadi preman di institusi pamarentah. Panyiksaan salila di kuliahan sigana teu dibabawa kana pagawean nu ayeuna dilakonan. Nya mun aya nu kasangkut korupsi mah lain ti lulusan STPDN/IPDN wungkul, lulusan perguruan tinggi lain oge sami we seueur nu jadi beurit. Nupuguh mah nu salah, kudu ditewak. Sistem nu salah kudu dibenerkeun. Abdi satuju ka komentar Kang Beben, kacuali usulan/komentar ka-dua jeung ka-opat he he. Peace ah..... Salam, DD --- In [email protected], beben bunyamin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari ceuk sim kuring mah kieu (hapunten ngiring ...komen. > 1. IPDN teu kudu dibubarkeun, basis pendidikanna bae nu dirubah tong make gaya militer. > 2. Jang ningkatkeuin kadisiplinan siswa cukup diayakeun semacam Kewiraan/Wamil waktu asup mimiti bae di rinif dam kawas politeknik baheula. > 3. Kadar kaimanan siswa kudu leuwih ditingkatkeun, sing leuwih disadarkeun yen ngarogahala anak batur teh teu saluyu jeung Ajaran agama > 4. Ieu nu penting, usulkeun ka Pamarentah pikeun nyien jalan tol ka Sumedang supaya teu macet jeung Jang Aldo bisa lancar lamun rek Ngalongok mitoha.....

