Abdi ge nuju kapungkur kuliah, digarebugan ku senior pas OSPEK. Ngan 
teu siga di STPDN meureun kadarna teu keras teuing. Ngan keukeuh ku 
sipat jalma nu ngora keneh, pas jadi senior hayang we ngasaan kumaha 
rasana ngagebugan batur he he. Tungtungna nya pas jadi senior, abdi 
oge ngilu jadi tukang gebug (tong diturutan, conto nu goreng).

Nu puguh mah motif ngagebugan junior teh lolobana motif bales 
dendam. Mun hayang mutuskeun mata rantai, nu angkatan anyar asup  
ulah sena sakampus jeung seniorna.Anggap we angkatan anyar teh teu 
boga senior. Terapkeun metode pendidikan kedisiplinan nu leuwih 
manusiawi ka angkatan ieu, langsung ku guru-guruna. Ulah aya kontak-
kontak kagiatan kemahasiswaan jeung sagala jenis kontak fisik 
(paamprok di tempat kuliah jsb) jeung senior2na.

Tah nu geus senior (tingkat dua jeung saterusna kaluhur), bere tugas 
nu loba jeung kagiatan pakuliahan nu padet. Diperekuen heula sagala 
jenis kagiatan ekstrakurikuler. Usahakeun tong loba waktu nganggur 
di tempat kuliah. Mun geus rengse kagiatan kuliah, sena baralik tong 
aya kagiatan kampus. Terus asrama ditutup. Lolobana mun dihijikeun 
di asrama, geng-gengan kelompok senior jeung junior masih aya keneh. 
Mahasiswana sena ngontrak di imah2 sakuriling kampus. Mun bisa mah 
saragam sakola ge tong dipake deui di kampus. Make pakean biasa we 
siga sakola perguruan tinggi nu sejen. Sifat arogan bisa wae 
mucunghul kulantaran make seragam eta. 

Engke mun geus lalulus kabeh nu angkatan2 senior ieu.... kakarek 
kagiatan kemahasiswaan dihurungkeun deui ku angkatan nu anyar tadi, 
nu teu dididik ku seniorna. Susuganan engke siga kampus nu sejen.... 
STPDN bisa ngaluarkeun ahli2 pamarentahan, tanpa pendidikan 
kekerasan.

Salam,
DD


--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Sapuk, Kang. Rai patuangan heheh*(maksa, lemesna adi beuteung naon 
atuh?) teu kitu, sanaos anjeuna lulusan STPDN tara kadangu keras ka 
batur di kantornamah. Malahmah janten panutan di kantorna*nanaon 
anjeuna-nanaon anjeuna, bade korupsi kumaha da padamel alit? 
>  
> Abdi mah ngarojong dibubarkeun soteh ambeh teu kateterasan 
nambihan korban. Nya etamah mung saukur kahoyong abdi nu janten 
rahayat alit, bade digugu bade moal gumantung kana kaputusan gegeden 
Republik ieu.
>  
> Usulan nu kadua ti Kang Beben, pami teu lepat mah kantos ningali 
dina TiPi satos pupusna Wahyu Hidayat nu pupus digebugan ku seniorna 
tea, kantos ngulem Aa Gym ka STPDN, tapi geuning angger wae aya 
keneh Praja nu ditandasa*
>  
> Ari saur rerencangan gigireun abdi mah, manghanjakalkeun pami IPDN 
bubar margi gaduh proyek pengadaan komputer diditu, ke we ceunah 
pami proyekna tos beres, mangga bade bubar oge*heheh.
>  
> ro2
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 04/05/07 01:48PM >>>
> 
> Alumni STPDN/IPDN nu tos daramel jadi pajabat teu acan kakuping 
aya 
> nu jadi preman di institusi pamarentah. Panyiksaan salila di 
> kuliahan sigana teu dibabawa kana pagawean nu ayeuna dilakonan. 
Nya 
> mun aya nu kasangkut korupsi mah lain ti lulusan STPDN/IPDN 
wungkul, 
> lulusan perguruan tinggi lain oge sami we seueur nu jadi beurit.
> 
> Nupuguh mah nu salah, kudu ditewak. Sistem nu salah kudu 
> dibenerkeun. Abdi satuju ka komentar Kang Beben, kacuali 
> usulan/komentar ka-dua jeung ka-opat he he. Peace ah.....
> 
> Salam,
> DD
> 


Kirim email ke