JAdi emut, kana disertasina Edwin Juriens, salah
sahiji urang asing (urang Walanda, mun teu lepat mah),
anu nalungtik budaya POP Sunda,kanggo disertasina.
Ayeuna disertasina tos diterjemahkeun kana basa
Indonesia. Kaleresan waktos aya diskusi bukuna di
KITLV di Kebayoran, kuring sareng kang Mumu, kang
Kumincir, aya dina acar eta. Salah sawios anu biantara
dina diskusi eta teh Mang Ayip Rosidi. Asana teh
kapungkur kuring kantos ngirimkeun komentarna dina
milis ieu. Upami peryogi ke dipilarian deui dina
pabetekan. 

Dina disertasi eta teh, ditalungtik sinetron "inohong
di Bojong Rangkong", lagu-lagu Doel Sumbang, Obrolan
dina salah sahiji acara Radio di Bandung, sareng
lagu-lagu Bimbo. Ceuk uring mah bilih aya para saderek
KUSnet anu bade nalungtik kanggo skripsi atanapi
tesis, tiasa nyandak model panalungtikanana Edwin
Juriens. Sok sanaos mang Ayip ngritik ka Edwin Juriens
(tim penerjemahna anu teu ngartos kana budaya Sunda),
tapi metodologina tiasa janten model, dina nalungtik
HIP HOP ala Sunda.

baktos,

mrachmatrawyani

--- nandar trinanda <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> ebiet beat a teh aslina mah urang rancaekek,
> lagu-laguna seueur nu nganggo
> basa sunda sanes ngan eta hungkul..malahan mah
> kantos duet sareng ten 2
> five, ngan nu eta mah nganggo basa perancis, da
> anjeunna lulusan stba
> jurusan perancis..kantos oge tampil sareng
> raihan..kang tantan peryogi mp3
> na?
>


 
____________________________________________________________________________________
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/

Kirim email ke