hebat lah siswa ipdn mah. 1. geus sanggup ngaleungitkeun nyawa jelema.....hal kieu butuh gede kawani, apal resiko. 2. bisa atau nyaho cara mengelabui resiko jerat hukum. jrrd. tapi oge rada kurang panuju ari terusmenerus kekerasan eta ditayangkeun na tipi. nayangkeun kasedihan korban mah pastina urang teh bakalan milu ambek. tayangkeun kasedihan kolot tersangka....da saheunteuna kecewa berat, lalaki anu dipusti-pusti bet geunigan jadi runtah. awewe mana nu daekeun ka pembunuh, hayang boga minantu "runtah" hahaha uing ngacaprak...punten ah
-----Original Message----- From: Waluya [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, April 09, 2007 9:43 AM To: [email protected]; [email protected] Subject: [Urang Sunda] Aduh ....IPDN, geuning kalahka beuki ngaco? Koran-koran poe ieu jeung MetroTV, ngabejakeun yen Inu Kencana, dosen IPDN anu paling wani nyaritakeun aya panyiksaan di IPDN, dipariksa (di Investagasi) ku team ti Depdagri jeung teu meunang ngajar di IPDN. Inu cenah kamungkinan rek dibere sanksi, kulantaran muka kagorengan IPDN. Teu tibalik ieu teh kitu? nu kudu dipariksa jeung dibere sanksi teh lain Pak Inu, tapi eta pimpinan2 IPDN. Kunaon tepi aya kajadian deui, mahasiswa maot disiksa ku mahasiswa deui. Padahan Pimpinan2 IPDN ieu teh nu ngaganti pimpinan2 STPDN di taun 2003 waktu kasus maotna mahasiswa ti Jabar, Wahyu Hidayat. Waktu kasus wafatna Cliff mimiti kaambeu ku wartawan, urang IPDN malah nyumputkeun kasus ieu, pajarkeun teh cenah Cliff boga panyakit lever bari ditambahan kolotna Cliff teu ngijinkeun otopsi kana mayit Cliff. Geus kitu, nu paling "parah", mayit Cliff disuntik formalin. Hiji tindakan anu nyurigakeun, sabab lamun disuntik formalin, bisa "nyamarkeun" sababna Cliff maot. Kacida teuing euy. Watir ka mahasiswa IPDN nu jadi "korban" ku sistem. Enya, korban sistem, boh nu maot/ nu kabur kulanataran teu kuat disiksa atawa nu ayeuna keur unggah bale watangan (pangadilan) kulantaran nyiksa. Geus we lah bubarkeun we ....hukum tah pimpinanana, lain mahasiswana wae ...... Baktos, WALUYA [Nu kungsi nempo kumaha sedihna kolot Erry Rahman mahasiswa IPDN nu maot disiksa di taun 2000, di RS Islam Bandung]

