Kuring oge boga dongeng, baheula di taun 1970'an, tapi lain soal sakola kadinasan, tapi soal pangalaman ngawas ujian asup ka sakola kerjasama ITB jeung Dep. PU. Calon mahasiswana kabeh PNS pagawe PU, geus karolot jeung asalna timana-mana, ti sakuliah Indonesia. Harita kuring acan lulus sakola, tapi jadi asisten dosen Fisika. Ku dosen nu diasistenan ku kuring, kuring dititah ngilu ngawas, da Pa Dosen oge ngajar di sakola ITB-PU ieu. Atoh oge ditawaran teh, nu hartina engkena meunang honor ...... lumayan keur nambah-nambah biaya sakola.
Sapoe memeh der ujian asup, nu rek ngawas dikumpulkeun, terus dibere heula "pangarahan", nu mere pengarahan lamun teu salah mah salah saurang Professor Sipil, hilap deui aranna mah. Nu matak kaget ....salah sahiji materi "pengarahanana" teh, kade cenah ngawas teh ulah heuras teuing, sabab nu diawas teh geus karolot jeung jalma lapangan, rada barangasan. Ulah nepi aya kajadian siga dua taun katukang, aya pangawas ujian diteunggeul kunu ujian, terus diudag-udag bari ngamang-ngamang badik. Gara-garana mah eta pengawas teh, ngarampas sontekan nu keur asyik ditiron kunu keur ujian. Atuh rada soak oge, ngadenge "pengarahan" kitu teh. Tadina mah rek ngundurkeun diri we, ngan era ku Pa Dosen nu diasistenan ku kuring. Nya kapaksa we dilakonan. Isukna, kuring geus di ruangan tempat ujian, nu rek ujian geus darariuk. Ditengetan saurang-urang. Bener we geus araya umur. Soal ujian dibagikeun. Pas waktuna, der ujian dimimitian. Mimitina mah nu arujian teh ngadereluk tekun tararungkul ngagaerawekeun soal-soal. Tapi teu lila .....kaciri di deretan bangku nu rada tukang, aya nu ngaluarkeun kertas tina bajuna. Hayang nyaho, naon eusi kertas nu dikaluarkeun teh, kuring pura-pura heula nguriling, nepi ka aya tukangeun manehna. Heuheuy deuh .....kertas teh pinuh ku rumus-rumus. Tapi sigana mah manehna hese nerapkeun rumus dina kertas sontekan jeung soal nu keur dipigawe .....ngan dayadag manehna ngadayagdag, terus tempa-tempo kenca-katuhu. Pas nempo katukang, manehna rada kaget kuring ngajega ditukangeun manehna. Tapi kagetna ngan sakeudeung .......malah terus ngomong make logat nu kuring teu wawuh :"Dik ...dik bisa ngerjain soal nomor ini?", cenah bari nunjuk kertas ujian. Rada reuwas oge aya nu keur ujian malah "nanyakeun" kanu ngawas ujian, tapi ras inget kana pengarahan poe kamari, kuring ukur bisa ngajawab bari nyerengeh seuri: "Pak, saya kan pengawas ujian", bari terus ngaleos kahareupeun kelas. Geus dihareupeun kelas, katengetan .......uluh geuning ampir kabeh nu ujian teh ngaluarkeun kertas-kertas nu pinuh ku rumus-rumus. Aya oge nu ngajawab bari "diskusi" jeung nu sabeulahna. Kuring jadi hookeun, sabab umur2an ngawas ujian, kakara ngalaman suasanana siga kitu. Kuring jadi teu wani kukurilingan, ngajanteng we dihareup. Ngan waktu 20 menit rek lekasan, kuring leuleumpangan katukang da kesel dihareup wae. Na ari pek teh aya nu noel, bari ngomong:" Adik mahasiswa ITB yah?" "Ya, pak" "Tolong dong dibantu mengerjakan soal ini, adik nanti diangkat saudara oleh saya", cenah bari melong pinuh ku harepan. Sakali deui kuring nyerengeh seuri, bari ngomong:" Saya pengawas ujian Pak", terus ngadigdig ka pojok rohangan, ngahephep didinya tepi ka ujian lekasan. [Dicaritakeun teh pedah we, si Bapa2 nu diawas ku kuring baheula teh meureun ayeuna mah geus parangsiun] Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: tantan hermansah To: [email protected] Sent: Tuesday, April 10, 2007 10:43 AM Subject: Re: [Urang Sunda] ngawadul di sakola kadinasan Kuring mah teu acan aya pangalaman anu kitu teh kang. Ngan mun sok disungkeun nyiapkeun bahana, mariksaan, atawa ngahubungi para siswana anu...lain rada deui ieu mah, militer nyaan, kungsi sababarah kali.

