Innalillahi wa inna ilaihi roji'un... mugia almarhum ditampi iman Islam, dihapunten dosa sareng kakhilafanana kalayan dicaangkeun tur dilegakan di alam kuburna ku Allah Swt...amin. kanggo kulawarga anu dikantun mugia dipaparin kakiatan sareng kasabaran dina mayunan ieu cocobi
baktos, "kkbm'69" On 4/10/07, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sampurasun...palawargi... > > Haputen anu kasuhun wireh simkuring lami teu ngiring ulubiung wawanohan dina > ieu milist. > > Simkuring neda dorong du'a tipalawargi sadaya kanggo pun Bapa anu parantos > ngantunkeun ieu Alam Dunya (salin Alam) dina dinten Rebo ping 4 April 2007 > dina yuswa 62 Tahun. > > Alhamdulillah, upami ningal tina sareat pun bapa teh Pupus bari calik+teu > kantos koma, estuning emut teras dugi ka les na, katambih paroman pun Bapa > imut ngagelenyu tetep teu robih dugi ka di kulemkeun dina liang lahat. > Mudah-mudahan kuningal eta tawis, pun bapa Salamet di Akheratna, Mulih > Kajatina. Amiin. > > hatur nuhun sateuacanna > baktos > Agus Wirabudiman

