Innalillahi Wa'inaillaihi Rojiun.... Ngiring bela sungkawa.. Mugia arwah almarhum dihapunten sagala dosa-dosana, ditampi amal ibadahna, ditampi Iman sareng Islamna, dicaangkeun kuburna.
Kulawargi anu dikantunkeun mugi dipasihan kakiatan sareng kasobaran.. Amiin.. -dul- --- In [email protected], "Agus Wirabudiman" <wirabudiman- [EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun...palawargi... > > Haputen anu kasuhun wireh simkuring lami teu ngiring ulubiung wawanohan dina ieu milist. > > Simkuring neda dorong du'a tipalawargi sadaya kanggo pun Bapa anu parantos ngantunkeun ieu Alam Dunya (salin Alam) dina dinten Rebo ping 4 April 2007 dina yuswa 62 Tahun. > > Alhamdulillah, upami ningal tina sareat pun bapa teh Pupus bari calik+teu kantos koma, estuning emut teras dugi ka les na, katambih paroman pun Bapa imut ngagelenyu tetep teu robih dugi ka di kulemkeun dina liang lahat. Mudah-mudahan kuningal eta tawis, pun bapa Salamet di Akheratna, Mulih Kajatina. Amiin. > > hatur nuhun sateuacanna > baktos > Agus Wirabudiman >

