Kahatur kang Yani sareng baraya sanesna,
Iketan dines di dieu diantawisna tiasa dilaksanakeun nganggo kerjasama sareng universitas. Universitas anu milarian calon potensi (barudak anu gaduh minat sareng anu sae prestasina) ka sakola-sakola SMU atanapi ka universitas di Jabar dugi ka pamilihan, rekrutmen, sareng pendidikannana. Pemda ngurus waragad sareng iketan antawis calon potensial saren Pemda. Ku cara kitu, Pemda janten henteu direpotkeun teuing ku urusan mapping sareng tektek bengek sanesna (naonnya lemesna tektek bengek teh?). Kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten. Salamna, Pun Asep MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hoyong ngiring aub ngomentaran perkawis di handap. Saeresna mah samemeh ngayakeun tindakan nyakolakeun SDM anu aya minat nalungtik naskah kuno, inventarisasi atanapi "maping" heula wae SDM anu gaduh minat sareng ancrub dina widang kaahlian nalungtik naskah kuno. Salah sawios diantawisna nyaeta pa Undang Sudarsa anu dicarioskeun ku Ua Sasmita. Anjeunna saleresna salah sahiji kandidat doktor anu nalungtik naskah-naskah kuno. Tina hasil "maping" sareng rempugan diatawis para ahli, engke tiasa ngadamel rekomendasi kanggo pamarentah, naon-naon wae anu kedah enggal dilaksanakeun. Nya salah sawisao diantawisna nyakolakeun SDM anu "berminat" nalungtik dina widang naskah kuno. Atuh peranan lembaga non pamarentah tiasa ngarojong ku cara ngayakeun diskusi/seminar perkara ieu, kanggo nunjukkeun ka pamarentah yen pihak swasta oge aya "kepedulian". Kumaha tah rencana strategis ti pihak pamarentah dina perkara ieu. Panginten Teh Ika tiasa ngadadarkeun pangalamanana anu sadidinten ngagugulung urusan pamarentah. baktos, mrachmatrawyani --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sanaos henteu aya anu henteu mungkin, upami > beasiswa ditanggel ku masarakat atanapi organisasi > nirlaba mah katinggalna beurat pisan waragadna, komo > dugi ka beasiswa S3 mah. > __________________________________________________________ Expecting? Get great news right away with email Auto-Check. Try the Yahoo! Mail Beta. http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html --------------------------------- Sucker-punch spam with award-winning protection. Try the free Yahoo! Mail Beta.

