Ceuk barudak ayeuna mah "GARING" teh dihartoskeun kana
hiji kaayaan anu gersang, bosen, monoton sareng
sajabina.
tah, supados KUSnet teu garing, kuring nyobi-nyobi
nyegerkeun suasana.Kenging improvisasi ti ditu ti
dieu.
baktos,
mrachmatrawyani
Oleh-oleh ti Nagri Deungeun
Hiji mangsa sabada Gus Dur mulang tina perjalanan
dinas ka sababaraha nagri deungeun, diwawancara ku
hiji wartawan anu nanyakeun hasil perjalanan
wisatana.
Wartawan: Kumaha Gus, naon wae oleh-oleh ti nagri
deungeun teh?
Gus Dur: Loba dongengkeuneun, tapi anu jelas mah beda
wae jeung nagri urang mah.
Wartawan:Bedana kumaha?
Gus Dur:Enya , bener ceuk paribasa, hujan emas di
nagri deungeun, masih keneh ngeunah hujan batu di
nagri sorangan.
Wartawan: Contona, Gus
Gus Dur:Eta wae, perkara mojang-mojang di nagri
deungeun, aing mah mani poekeun,
Teu nyaho nanaon. Beda jeung waktu
keur tolab ilmi di Timur Tengah.
Wartawan:Muhun nya, mun teu lepat mah pan Gus Dur
kantos tolab ilmi di Timur
Tengah.
Gus Dur:Enya, aya nu matak pikaahengeun, para mojang
di nagri Yordan.
Wartawan:Naha kumaha kitu, Gus?
Gus Dur:Mun aya opat mojang Yordan, pasti aya lima
mojang anu gareulis.
Wartawan:Ke..ke..ke.. kumaha maksadna?
Gur Dur:Lamun kageulisan 4 mojang eta, di subsidi
silang keur hiji mojang sejenna,
4 mojang eta kageulisanana heunteu ngurangan. Malahan
mah mojang
kalima hasil subsidi silang eta teh,
geulisna sarua jeung 4 mojang sejenna.
Wartawan:Lamun kitu mah kuring ge hoyong tolab ilmi
di Timur Tengah. Tapi Gus, kamari waktos nganjang
ka nagri deungeun teh naon kinten-kinten anu paling
narik ati?
Gus Dur:Euweuh nu narik ati
Wartawan:Ku naon kitu?
Gus Dur: Sarwa poek.
mrachmatrawyani
____________________________________________________________________________________
No need to miss a message. Get email on-the-go
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
http://mobile.yahoo.com/mail