kusnet ceu? ngaran legeg ti milis urangsunda ieu. pangjangna mah komunitas urang sunda di internet. tapi aya oge nu manjangkeun jadi kulawarga urang sunda di internet.
lebaran engke ngiring nya ceu. pangnraktirkeun heuheu... dh On 4/12/07, leli nurleli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
duh....mani seueur urang garut (asgar..)...nya....boa2 keudap deui aya milis khusus asgar...(just kidding)....mana urang tasik malaya na nya..?....ke..iyeu aya nu rasoskeun ari kusnet teh asal na naon?. asa tos maca tapi hilap deui...?....lamun ceuceu mah asli ti desa mangunreja...eta anu kasohor kupat tahu na...upami aya nungalangkung ti garut ka tasik malaya...di caket sasak besi..desa toblongan...didinya aya kena tukang kupattahu anu kasohor dugi ka ayeuna... biasana upami lebaran....ceu2 sakulawargi pasti sok andeprok didinya.... wasalam ceu leli... *pampam zhm <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Sampurasun, ka sadayana. Sateuacanna sim kuring bade mundut di hapunten, kumargi parantos rada lami janten anggota kusnet teh ( +/- 5 sasih ) namung teu acan nepangkeun ( maklum kuli, anu kedah kaditu kadieu ). Nami sim kuring Pampam ZHM, kawit ti Bungbulang Garut ( asgar ). Ayeuna kukuli di Sampit Kalimantan Tengah tos 6 tahun. Hatur nuhun ka sadaya anggota kusnet, anu parantos ngamumule warisan karuhun urang. Sim kuring ngawitan terang aya kusnet teh waktos nuju dines ka Pangkalan Bun, kaleresan aya rerencangan anu maparin terang aya kumpulan urang sunda, namina Kang Andy Risdianto. Ti kawit eta, abdi janten anggota kusnet. Wilujeng. Salam baktos, pampam.zhm ,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

