Di UI aya mitos Rektor mah jatah Fak Kedokteran, Menteri mah di Fak Ekonomi. Di
Unpad oge aya mitos Rektor teh jatah 3 Fakultas: Hukum, Ekonomi & Kadokteran.
Duka tah di paguron sejen. Kang Ganjar kahalang ku mitos kitu?
JP
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Walah kumaha ieu atuh, can jadi rektor wae geus
"digoyang". naha ieu teh goyang Inul atawa goyang
Karawang, tapi da institusi rektor mah lain lagu
dangdut atawa ketuk tilu, hiji pancen pikeun
minterkeun jeung ngadidik masyarakat, nu utama nyaeta
jadi "penjaga moral" jeung "penyampai kebenaran".
Inget jaman baheula taun 1982, kuring masih mahasiswa.
Harita teh Rektor UI Mahar Mardjono diganti ku Nugroho
Notosusanto. Kabehdieunakeun kuring kakara nyaho, yen
Senat UI teh ngajukeun dua calon ka Menteri
pendidikan, tapi ari nu sorana panglobana teu jadi
Rektor. (da harita mah menteri/presiden boga hak
prerogatif nunjuk saha anu kudu jadi rektor).
Isu ieu teh beredar di kalangan para aktifis. Puguh
wae atuh kampus UI jadi "digoyang". Waktu pelantikan
rektor, (cigana) mendikbud teu wanieun datang,
diwakilkeun ku dirjen Pendidikan Tinggi Doddy Tisna
Amidjaja. Waktu keur ngistrenkeun rektor, di jero
ruangan aya sora "ngabeledug", petasan anu sundut ku
oknum mahasiswa. teu sabaraha lila, panto kampus
Salemba "dilas", puguh wae atuh para dosen, mahasiswa
jeung karyawan teu bisa asup. Pangahirna, kaca jandela
gedong rektorat aya nu meupeuskeun. Unggal Peuting
salila saminggu, di kampus Salemba para mahasiswa
ngayakeun riungan, nyanyi jeung maca puisi, protes.
Atuh ti harita aya buletin "suara Almamater" anu
dikaluarkeun ku Rektorat, kalakuan mahasiswa geus
diangga anarhis. Rektor ngancam para mahasiswa,
lamun arembung kuliah, geus wae UI teh dibubarkeun.
Lila-lila mah mahasiswa oge jigana capeeun. Nya ahirna
kahirupan kampus normal deui. tah, ti harita populer
Wawasan Almamater, anu di tiap paguron kudu dipasang
ngajeblag di kampus bagian hareup. Oge, jadi beken
kecap Normalisasi Kehidupan Kampus (NKK) tea, anu
diadopsi jadi konsepna Mendikbud Daud Yusuf.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> mang yani, simkuring sanes bade ngabela pr. mung
> dina pr memang teu
> nyebutkeun yen bolayna kang ganjar diistrenan jadi
> rektor tanggal 12 april
> ayeuna kusabab protes soal kacurangan. tapi memang
> gara-gara sibukna juragan
> mentri. memang di handapeun eta warta dibungbuan ku
> masalah laporan ayana
> kacurangan.kitu ge ukur penyataan ketua tim
> pengembangan dosen fakultas
> kedokteran unpad. cenah laporanna mah geus ti beh
> ditu mula dikirimkeun ka
> mendiknas.
>
> kitu nu tersurat. duka anu kasirat mah da simkuring
> teu tiasa maca.
> nyanggakeun beja salengkepna dina pr dinten ayeuna.
>
> dh
__________________________________________________________
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
http://searchmarketing.yahoo.com/arp/sponsoredsearch_v2.php
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.