Mikiran Bandung Beus Kota
Keur kota Bandung, ku jaman ayeuna, geus teu pantes di jalan jalan protokol
anu rame masih keneh pating sulabreng aleut aleutan angkot minuhan jalan. Jalan
nu geus teu pantes diliwatan angkot teh jalan gede nu rame sarupaning Ahmad
Yani, Juanda, Pajajaran, Pasir kaliki, Merdeka, Gatot Subroto, Sukarno Hatta,
jeung kira kira nu sarua gedena jeung ramena jeng eta jalan. Ari ngan meuntas
wungkul sih teu nanaon.
Geus waktuna ganti ku beus kota, kendaraan massal, nu bisa muat penumpang
lima kalieun beus. Coba bandingkeun lima angkot bisa minuhan jalan sapanjang
100 meter (angkot jalan, lain parkir), dibandingkeun jeung beus hiji nu ngan
ukur sababaraha meter panjangna.
Lain ngan ukur usul, kumaha solusina, sangkan supir angkot teu kaleungitan
rejeki.
Sabenerna tibaheula sim kuring geus manghanjakalkeun, kadengena pamarentah
asa sering pisan ngadatangkeun angkot angkot anyar, majarkeun peremajaan.
Padahal ceuk pamikiran sim kuring mah leuwih hade mun angkot angkot nu aya rada
dikasisikeun trayekna, kurangan saeutik saeutik trayek jalan protokol, terus
keur ngeusian kakurangan, eusian ku beus kota, tong loba teung, bandingan 5:1
cukup. Ngarah teu ngarebut rejeki supir angkot, atuh beus kota nu trayekna
babarengan jeung angkot dikhususkeun keur jarak jauh, upamana bae bis kota teu
eureun di hareupeun BIP. Jadi program penggantian berjalan bertahap. Angkot
ngurangan, beus kota nambahan saeutik saeutik. Geura sok, supir angkot ge moal
demo ari dapurna tetep ngebul mah, propram pamarentah jalan, lalu lintas lancar.
Cag heula...
Wasalam,
Kang Santosa
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.