Non Road Transport, eta ge sae pisan, tapi kangge proyek jangka panjang, peryogi waktus 10 taun kangge ngabangun. Tiasa lilalanyahan tiayeuna. Tah ieu mah kangge janga pendek nu kudu gancang diatasi (diatasi=?) Lebar jalan 2 len teu masalah, sabab lebar 2 len standar sarua bae boh keur angkot boh keur beus, angger meakeun 2 len. Lebar 2 len teu bisa dieusian 3 mobil, ke ditilang atuh. Nu penting panjangna. Sakali deui dina kasus ieu lain nambahan beus tapi ngagantian 5 angkot ku hiji beus. Sabab mun ngan ukur nambahan mah bisi kajadian konflik horizontal. Malihan mah ku ngagantian ieu bakal ngurangan beban, 5 angkot peryogi 100 meter panjang jalan (angkot jalan, lain parkir), sedengkeun beus ngan ukur paling paling 15 meter. Kecepatan teu masalah, beus lain delman, barinage di kota teu meunang leuwih ti 40 km/jam Tambihan: Bagea urang Jakarta, mangga sing sering sumping ka Bandung, balanja sing seueur. Bandung teh minangka kota wisata sanes? Salam TS
surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bandung ayeuna teu acan reuah ku Beus parantos ngalangan macet ku kiriman mobil urang luar kota..pang2na mah Jakarta. Ningali pangalaman di Jakarta lamun Bwus Kota diusulkeun solusi kangge "mass transport"..malahan tambah pegel..macet total..kumargi ukuran jalan2 di Bandung umumna ngan 2 lane. beus ngarayap..pasti macet...PEMDA bandung kedah mimiti mikirkeun Non Road Mass Transport.... --- Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Abah/Akang, > > Da sigana mah nu sapertos kieu teh tos ka impleng ku > sadayana oge, urang > hoyong Bandung leuwih rapih tibatan ayeuna nu > pabaliut teu puguh matak kolot > di jalan. Atuh dina panataan kota oge aya > konsep-konsep nu hade pisan supaya > Bandung teh merenah dicicinganna tapi da geuning sok > nembag ari tos lebet ka > "birokrat" mah sok diadukeun jeung "ekonomi". > Ngahaja make tanda curek jang > 2 kecap eta da aya harti nu leuwih nu hayang > dicaritakeun ngan teu kaduga > nyaritana ... hehehehe. > > Tah sigana mah lamun hayang Bandung leuwih merenah > tur tumaninah mah kudu > aya "Social and Political Will" nu buleud ti urang > Bandung kaasup para > pamingpinna. Nu kahiji kudu aya teh "social will" > heula da atuh lamun > rahayatna hayang wungkul bari jeung teu daek usaha > supaya eta kahayang > ngajadi kateuteu ari aya aturan oge. Sok geura > tinggal PP (tibum tea) geus > unggal poe ngayakeun razia tapi tetep we PKL nu > barandel mah nagen, da cenah > rahayatna ge sok mareulian keneh ka lebah dinya jadi > mun dipindahkeun euweuh > nu meulina. Jadi saha nu salah? ... mending ge ulah > neangan nu salah dina > hal ieu mah ... papada urang we sing sadar atuh tong > di beulian ari PKL nu > dagang di tempat liar mah ... beulian PKL nu nempat > di tempat nu bener. > > Dina masalah angkutan oge sigana mah sarua, sakadang > Angkot teh geus puguh > ningali aya rambu-rambu di jalan. Conto aksara S > dicoret tapi angkotna > kalahka ngetem belah dinya, kunaon cenah? da eta > para panumpang teh > ngumpulna beulah dinya. Geus puguh ari ku lobana mah > meuni metet geura jalan > Suci unggal poena teh. Teuing atuh meni loba-loba > teuing angkot teh, meureun > pedah panumpangna ge loba. > > Jadi ... Satuju lah sayah mah kana sakabeh ide nu > hayang nyieun Bandung > leuwih ngeunaheun dicicingan. > > Salam, > Budyana > > > On 4/15/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > Sapagoodos, kebeh nu dicaritakeun ku kang > Tatang. Sim kuring nyebut kang > > we nya, rek saluhureun, rek sahandapeun, teu > masalah, asa leuwih loma jeung > > pantes keur babasan netiket. > > Atuh lamun karasana mahal teuing keur kaduitan > pamarentah Bandung, bisa > > ditarekahan ku pamikiran pamikiran anu > cemerlang. Mun teu bisa nerapkeun > > batas umur mobil siga di Singapur, atuh bisa wae > dimimitian ku ngajalankeun > > peraturan anu geus aya kalawan bener, nu salila > ieu loba dilanggar. > > Contona kir mobil angkot, keur naon atuh kir mobil > angkot 6 bulan sakali ari > > pelaksanaanana ngan ukur asal duit asup, aru > tujuan sabenerna pemeriksaan > > kelayakan kendaraan teu bener. Da nyatana mobil > bajred, kenalpot ngebul, > > karoseri reyod jsb mobil kitu patut lulus bae. Nu > kieu sabenerna nu kudu > > dibenerkeun, mobil teu meunang jalan, jadikeun > besi tua. Atawa mun teu tega, > > atuh sanggakeun ka nu gaduhna deui tapi tong > dibere surat lulus. Tangtu > > bakal loba angkot nu teu jalan, Tah keur > ngimbanganana deui ganti ku beus, > > euweuh beus anyar, beus nu aya diberdayakeun, tuh > loba beus antar kota nu > > teu payu. > > > > Wilujeng wayah kieu > > > > Kang Santosa, > > ilubiung mikiran Bandung > > > > *Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > > > Leres pisan kang Santosa, pangbolonganan sae; > mung jigahna kedah > > dipadukeun atanapi disaluyukeun sareng panjang > jalan, margi ari kitu keneh > > wae teu ngadamel jalan enggal rada sesah. > Pangalaman di Singapura carana > > nganggo wibawa pamarentah ku ngabatesan umur > kendaraan, maksimum 5-7 th > > upami teu lepat mah. Disarengan ku investasi jalan > enggal torowongan dina > > taneuh keur kareta api listrik. Henteu sapanjang > rel dina torowongan > > geuning, nyelap-nyelip ka perumahan, lapangan > udara Changi, puguh deui ka > > pusat-pusat balanja mah, disayogikeun stasion. > Upami di Msia ngadamel jalan > > diluhureun jalan anu aya, boh kanggo kareta api > listrik anu biasa boh kareta > > api monorel. Oge jalan layang kanggo sagala rupi > kendaraan. Eta disayogikeun > > ku investor, kalawan teu nyakali, arah mana heula > direngsekeun teras > > dipasang toll, artosna diputerkeun kangge ngadamel > jalan anu saterasna. > > Sigahna teu atos-atos da puguh kendaraan beki > nambahan. Masyakat teu komplin > > da ngaraos nikmatna eta pangwangunan. Puguh kanggo > pamarentah mah, sumber > > pajak jadi tambih unggal dinten. Beuki beunghar > wae nagarana teh. Apan > > geuning sakarola di Msia mah dipasihan nambut ku > karajaan satiap anu sakola > > teh, ke dibayar tos damel dicicil teu karaos. > Artosna timana atuh ari sanes > > tina sagala pajeg sareng sanes pajegna mah.Tah > upami kitu wios industri > > kendaraan sing majeng, asal perkembangan pasilitas > sosialna,sapertos > > jalan saimbang. Tangtos hukum lalu-lintas oge > kedah nanjeur ulah pilih bulu, > > supados lancar arus barang sareng jalmi ka satiap > tujuan. Upami barang teu > > lancar ku halangan macet misalna, eta mubadzir > bahan bakar sareng dugi ka > > tujuan teu tepat, harga barang janten naek > gara-gara stok barang teu lancar > > dugina. Tah kitu nagara batur ngatur rakyatna teu > tiasa komplin, sabab > > nyaho usaha nagara teh keur rahayat, sok taros ka > alumnus di msia, atanapi > > ka mhs Msia anu aya di Bdg, saha anu teu boga > hutang ka karajaanana? > > waleranana pasti aya sakedik nu teu karagungan > sambetan. Hartosna lolobana > > dibantu ku nagara. Ari di urang, cobi uninga di > Cengkareng, sabaraha juta > > sadinten ngeruk artos ti panumpang kapal anu ka > luar nagara? Tapi > > pasilitasna teu nambihan, malah anu aya oge > raruksak?? Arek kumaha muterkeun > > artos kangge pangwangunan anu sejenna? Majar teh > nagara kakurangan investor > > luar nagara? padahal calon investor urang ge aya, > malah mungkin seueur, > > buktosna artos konglomerat disarimpen di luar > nagara? Salah sawios menteri > > Kabinet Indonesia Bersatu aya nau kalebet paling > kaya no 5 di Asia? Jadi > > mung alesan milari investor luar teh supaya aya > komisi???? Kanggo kota Bdg, > > tos sering pisan panggede anrangkat ka luar nagara > carfiosna mah studi > > banding, tapi nupuguh mah hayang jalan-jalan > haratis dibiayaan ku rakyat. > > Hasilna mana can katingal benten? Anu jelas aya > pangwanunan tapi anu > > deungeun2, bari teu mere kasempatan nu rea > kabangsa sorangan, ari mega mall > > jug-jleg, tapi K5 angger wae ngemper di sisi toko, > di jalan, di lapangan. Da > > kuring ningal di luar nagara mah, K5 teh > ditempatkeun di jero Mega-Mall ku > > aturan mere izin usaha, aya dina syarat izin > ngadegkeun eta pangwangunan. > > jadi kota bersih tina K5,kuring boga video ngahaja > maling2 sakadar ku HP di > > Jusco Seremban Negeri Sembilan. Tukang beubeur, > pernik2,arloji, jrrd. sayogi > > di Mega Mall. Kumaha ari di Bdg? mungkin aya tapi > teu sabanding. Wangsul > > deui ka perkawis pasilitas sosial khususna > angkutan umum di kota Bdg, > > Sigahna upami dibuka ka investor teh sanes mung > Mall2, tapi jalan toll > > lingkar tengah+luar Kota Bdg, di luhureun jalan > anu aya. Sigahna deui bisa > > jadi jalan kaluar kaayaan lalu lintas anu salamina > macet jeung macet wae. > > Oge ditambihan ku dikedahkeun dina Izin > ngabangun/ngarehab toko sapanjang > > jalan protokol kedah nyayogikeun tempat parkir di > handap atanapi diluhur, > > upami teu, tong dipasihan izin ngabangun. > === message truncated === __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.

