Wa Sas, ngobrolkeun manuk, kuring bet jadi inget ka lembur. Baheula 
mah di lembur teh loba manuk. Ti mimiti heulang ruyuk tepi ka manuk 
esenangka, manuk pangleutikna nu kabeukina hileud. Sabagian Manuk-
manuk ieu, ayeuna geus teu katingali deui di lembur. Manuk nu geus 
leungit di lembur kuring:

1. Heulang Ruyuk, nu sok nyamber anak hayam

2. Alap-alap. Sabangsa heulang, bisa nyamber manuk leutik nu keur 
hiber. Sering nabrak kaca imah kolot kuring, kadang-kadang tepi 
ngagoler kapaehan ....

3. Gagak, manuk bangor nu sok macokan sangu bekel nu macul di sawah

4. Saeran, akrobatis di awang-awang, heulang ruyuk sok diuber-uber 
ku manuk leutik ieu. Heulang ruyuk teu bisa ngalawan da saeran 
pinter pisan hiberna.

5. Caladi, tukang notrokan kai

6. Bincarung, manuk anggun nu warnana koneng sorana tarik pisan

7. Kahkeh, manuk nu hirup di sisi walungan. Kabeukina lauk nu 
disamber ti luhur

9. Manuk-manuk rawa disawah : Hahayaman, kakareoan, beker, pecuk ....

Jeung nu sejenna deui, paroho deui aranna mah. Ayeuna dilembur 
tinggal manuk laleutik ....jeung jadi loba manuk galejra, da baheula 
mah euweuh, nu aya teh piit jeung bondol.

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Adit, nya moal kapendak atuh ari milarianana di sabudeureun 
Salman mah.
> Geura ka Margawangi aya buku "Burung-burung di Jawa dan Bali" aya 
manuk ungkut-ungkut.
> Ceuk eta buku mah : (Laten) megalaima haemacephala, (Inggris) 
Coppersmith Barbet
> 
> MSasmita


Kirim email ke